Kabayan hartosna saderek

Pare hartosna akang.

 

Aeh ieu mah bahasa pilipin, baheula mah asa nyeri hate teh dicelukan
“kabayan” ku urang pilipin, jauh jauh ngumbara ngadon diceluk kabayan, ari
geus apal mah yen etaeh bahasa pang lemesna numutkeun maranehna, nya rada
tenang oge... tapi angger we tepika ayeuna asa sarekseuk mun manehna nyebut
kabayan ka kuring.

Kitu deui pas manehna nyebut “pare”, tapi nu ieu mah asa ngeunah, teu nanaon
lah kuring disebut pare oge, asal ulah nyebut beas cianjur weh.. 

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of Ahmad Toha
Sent: 01 Agustus 2009 9:21
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] (basa) kecap sunda & english

 

  

Ala
Inggris = Alabama (nagara bagean AS)
Sunda = metik

Beak
Inggris = paruh (bagean)
Sunda = seep

Can
Inggris = kaleng, bisa
Sunda = teu acan, encan (belum)

Ear
Inggris = kuping, ceuli
Sunda = geunjleung, ibur, jadi carita jalma rea

Liar
Inggris = tukang ngawadul, ngabohong
Sunda = teu diurus 

Model
Inggris = conto, teladan
Sunda = conto, anéh, teu parok "Ari manéh bet modél, motor saalu-alus bet
ditukeurkeun jeung béca."

Pair 
Inggris = sapasang, pasangan
Sunda = nyicikeun, milu nyarita kanu keur gunem catur, ngasongkeun inuman
bari ngigel kanu keur kagiliran maké sodér dina nayuban. 

 


Sanding
Inggris = berpasir / aya keusikan
Sunda = ngaréndéng (nyanding), kasurupan (kasandingan)

emod,

 

 


 





__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4240 (20090713) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com

Kirim email ke