Intina kumah ieu the kang, pami sedekah tong dibeja2??? Pami kitu mah malaikat na oge teu kedah naros da jelas catetanana
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of waluya56 Sent: Friday, August 07, 2009 11:18 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] (4S) Sidekah .... Si Astahiam maot, manehna ngadigdig kalawan yakin pisan, nuju ka panto gerbang Sawarga. Di panto gerbang Sawrga manehna dicegat ku malaikat. Malaikat: " Naon nu nyababkeun maneh yakin yen maneh bakal asup ka Sawarga? Si Astahiam: "Tilu minggu katukang, kuring mere duit saratus rewu ka jalma tanpadaksa!" Malaikat: "Naon deui?" Si Astahiam:" Dua minggu katukang, kuring mere duit saratus rewu ka tukang jajaluk!" Malaikat: "Aya deui?" Si Astahiam: " Tah minggu kamari mah kuring nyumbang saratus rewu ka panti asuhan!" Malakiat: "Ke atuh, dagoan sakadeung" Malaikat terus ngaleos kajero, tapi teu lila, kaluar deui bari nyarita ka si Astahiam: "Kuring geus ngabahas kasus anjeun jeung Bos di jero, pamadeganNA sarua jeung kuring. Ieu duit anjeun nu 300,000 rupiah tea. Cig kadituh indit, anjeun teu pantes asup ka Sawarga!" Baktos, WALUYA

