Bieu tas ti rumah makan sindangreret, acara acara milangkala majalah basa Sunda Cupumanik nu ka tujuh. (edisi onlinena, cupumanik.com)
Acara eta sakaligus serah terima majalah basa Sunda Cupumanik ti Yayasan Rancage ka yayasan anyar nu khusus keur ngurus majalah Cupumanik, yayasan Bujangga Manik. Pupuhu yayasan eta, kang Erry Riyana Hardjapamekas. Majalah basa Sunda Cupumanik ayeuna ngandelan, pamingpin umum, kang Ganjar Kurnia (Prof Dr), rektor Unpad ayeuna. Pamingpin redaksi, si Ua Sasmita, nu oge kuncen #2 KUSnet. Si kuring diajak jadi anggota dewan redaksi. Jadi ayeuna teh si kuring anggota dewan yeuh. Heuheu. Kanu bade ngalanggan edisi citakna, (pangaos Rp 12.000/terbit sasihan+tambah ongkos kirim ), tiasa noong www.cupumanik.com <http://www.cupumanik.com/> Telp/faks 022 7310625 Hp 08132212238634 e-mail: [email protected]

