Eta si ibro aya ku pinter. hiji cara asup ka surga teh kudu "MAOT HEULA".
jangdede milu mairan 2009/8/7, waluya2006 <[email protected]>: > > > > Hiji waktu Pa Ustadz Lamsijan ngajar agama di barudak kelas hiji SD. > > "Barudak, lamun bapa ngajual imah jeung motor bapa, terus duit ladangna > dibikeun > kabeh keur sedekah, bapa asup sawarga moal?" > > "Moal!!!", ceuk barudak mani reang. > > "Tah kumaha lamun bapa ibadah getol, rajin ka masjid, terus nyumbang > masjid, > Bapa asup ka sawarga henteu?" > > "Henteu!!!", ceuk barudak teh > > "Kieu atuh, lamun bapa jadi jalma bageur, nyaah ka anak pamajikan, nyaah > oge ka > aranjeun, Bapa asup Sawarga moal?" > > "Moal!!!" > > Pa Ustadz gegetret teu ateul, tapi maklum lain guru nu otoriter, manehna > malik > nanya: "Atuh ari kitu mah, kumaha carana bapa supaya bisa asup ka Sawarga?" > > Celengkeung teh si Ibro, budak nu umurna kakara 6 taun ngajawab tarik > pisan: > "Carana Bapa Ustadzna KEDAH MAOT heula!" > > Baktos, > WALUYA > > >

