Di mana-mana jalan di bandung ruksak, sigana nu mulus ngan ti pendopo kota 
bandung ka wastukancana, da memang eta nu unggal wayah diliwatan kunu boga 
kawasa di Bandung. 
Lamun rahayat nanya, pasti jawabanna pasti "belum teranggarkan pada anggaran 
saat ini atau anggaran yang ada sudah habis karena banyaknya ruas jalan yang 
perlu perbaikan". 
Beda jeung persib, waktu manehna koar-koar kurang dana langsung pemkot mere 
bantuan, komo deui ayeuna keur ngawaragadan persib walkot rek menta ka sakur 
pns di kota bandung ngilu asuransi. Hal anu ironi lamun dikaitkeun jeung 
kondisi jalan ruksak pasti aya hubunganana jeung karaharjaan wargana, tapi siga 
nu teu dipalire ku pamarentah anu boga kawajiban ngomean jalan. 
Lamun memang pemkot geus beakeun dana keur ngomean jalan, ulah era-era nyalar  
(menta sumbangan di jalan) ka nu laliwat di jalan rusak siga anu rek 
ngareuah-reuah agustusan ayeuna, ngarah kaciri legal jeung teu disalah gunakeun 
nyalarna ku satpol pp jeung tulisan di spanduk :"ANDA INGIN JALAN BAGUS, 
SILAHKAN SISIHKAN HARTA ANDA UNTUK PERBAIKAN JALAN INI", atawa ngarah rada 
nyumput gawe bareng bae jeung media cetak jeung elektronik keur muka DOMPET 
PEDULI JALAN RUSAK BANDUNG. Sigana bakal loba dana nu bisa dikumpulkeun da 
bangsa urang mah terkenal berehan komo lamun disuting, henteu oge bangsa urang 
mah ka pulisi nu nilang bae sok mere keur jajan, atawa ka pulusi cepe di 
pengkolan atawa parapatan, komo kanu rek kariaan agustus atawa ngawangun masjid 
pasti nyumbang. Maenya keur ngomean jalan anu keur kapentingan umum henteu. 
Ngaaaaan, pemkot bandungna ulah era-era ari hayang dibantuan, ulah jadi Jalan 
ruksak, sakola ruksak ukur jadi proyek, boh proyek nu di kopeah atawa nu 
persaben di deukeut jalan ruksak, teu kolot teu budak. Mangga 
nyanggakeun..................




      Lebih aman saat online. Upgrade ke Internet Explorer 8 baru dan lebih 
cepat yang dioptimalkan untuk Yahoo! agar Anda merasa lebih aman. Gratis. 
Dapatkan IE8 di sini! 
http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer/

Kirim email ke