Si Ibro jalma nu sok sinis wae kana hal-hal nu relijius teh, malah sakapeung sok ngaheureuykeun. Pas pasanggrok jeung Mama Ajengan, manehna nanya bari nadana semu ngaheureuykeun: " Mama, ari di Sawarga aya pertandingan maen bal? abdi resep kana maen bal, lamun teu aya teh, teu resep ah ...di sawarga teh. Meureun Mama mah terang, da sok sering ngadoa"
Mama Ajengan ukur nyerengeh: " Ke isuk ku Mama dijawab, peuting ieu Mama rek ngado'a heula" Isuk-isuk si Ibro langsung nepungan Mama Ajengan, bari sarangah-serengeh, hayang nyaho jawaban Mama Ajengan. Ceuk Mama Ajengan teh:" Aya, aya ...di sawarga aya maen bal, malah panitia pertandingan maen bal di Sawarga geus nyadiakeun KARCIS GRATIS keur Ibro, pertandinganana minggu hareup! Ibro: "??????" Baktos, WALUYA

