Nurutan Bah Willy ah... Karek ge sup ka imah tas macul ti sawah bari luut leet kesang keneh, Mang Bana geus ngadengen pamajikanana ngacacang ngomongkeun si Edod nu beuki dieu beuki baong wae. Sakola mineng mabal, komo deui bolos mah ampir unggal poe. Baroraah ngapalkeun, gawena ulin. Ngaji mumul komo digawe mantuan nu jadi indung mah ngedul beak karep.
Selentreng Mang Bana nyampeurkeun si Edod nu keur lalajo tipi bari ucang-ucangan dina korsi. "Dasar siah Edod! Yeuh, tenjo buuk kami geus loba huisan balas mikiran maneh!", ceuk bapana bari beureum beungeutna. "Ana kitu mah Abah ge leuwih baong ti uing atuh," tempas si Edod "Naon buktina?!" Mang Sukra nanya "Etah buuk si Aki nepi ka bodas kabeh*."

