Salah sahiji nu milu robah bareng jeung umur oge kondisi si kuring, eta,
mieling hut ri. Keur di lembur, nepi ka sma asana, unggal tanggal tujuh
belasan sok milu ngabring rombongan warga kampung ka lapang desa nu ayana di
kampung lenggorsari. Di dinya, warga tiap kampung daratang bari mawa
kamonesan nu mun di kota gede mah disebut karnaval. Biasana tiap kampung
nyarieun kamonesan rupa-rupa. Aya nu heureuy, aya nu make tema perjuangan,
cara beca dijieun siga tenk waja ku kertas semen, meriamna ku lodong, jrrd.
Nya acara puncakna mah upacara. 

 

Sanggeus upacara, biasana aya kariaan di kampung masing-masing. Nya nu umum
mah, panjat pinang tea. Di lembur si kuring mah aya deui, ngobyag. Nyaeta
ngala lauk di hiji balong ku tangan kosong. Kolot budak milu ancrub. Biasana
warga nu beunghar nu sok ngayakeun acara ngobyag, ngarelakeun balongna
diobyag, diala laukna dina acara kariaan juhbelasan.

 

Kusabab kabiasaan, ti sd nepi ka sma, sanajan keur smp sma mah sipatna
sukarela datangna, karasana memang jero ninggalkeun tapak dina ingetan jeung
asup hate. Meureun da lahir gede di lembur eta, naon bae kariaan jadi bagean
diri jeung kahirupan warga. 

 

Geus pindah ka bandung, upacara hut ri nu dipiluan bari dines, jaman kakara
asup kuliah. Harita mah dina rangkeyan acara panataran P4 pola 100jam tea.
Ti dinya mah, geus tara miluan deui upacara atawa kariaan sejena. Kungsi
milu balap karung di pangulinan, ngan terusna mah eureun.

 

Tah kamari tujuhbelasan teh keur di pangandaran. Poean balik. Nya nineung
jeung waas, sajajalan beus ngaliwatan lapang nu keur pinuh kunu
ngalaksanakeun upacara hut ri ka 64. waasna nya baheula kungsi miluan kitu.
Ayeuna mah henteu.

 

Merdeka teh bebas. Free tea. Tapi lain hartina gratis, tapi leupas tina hiji
masalah nu ngarugikeun. Bebas dina harti nu dasar atawa pundamental. Harita
mah nya bebas ti jajahan batur atawa ti  kolonialisme. Konstitusi urang geus
ngawadahan sagala kabebasan dasar. Ngan teu rinci teuing. Cara bebas ti rasa
sieun. Aya bebas pikeun neangan napkah-nu hartina upaya pikeun bebas ti
kamiskinan jeung kalaparan, bebas berkumpul dan berserikat, bebas
ngajalankeun ajaran agama, jrrd.  Rahayat nu miskin oge barudak yatim piatu
sacara konstitusi mah kudu bebas oge ti kasusah sabab di urus nagara. Dina
emprona mah, masih loba kakurangan, masih loba nu sangsara, can nepi ka
cita-cita. Merdeka teh bebas pikeun nangtukeun nasib sorangan, salaku warga
negara, oge salaku bangsa. Nu teu mampu ngamajukeun karep boh dina widang
kasejahteraan boh dina atikan (nu dua eta aya dina pembukaan uud 45),
sacara konstitusi mah, nagara nu ngurus.

 

Kamari balik ti pangandaran dahar beurang di man jabal 2 puseur, di desa
gunungcupu tea bari nyimpang ngalongok kolot. Man jabal jadi panitia kariaan
kampung, diantarana nyadiakeun balong pikeun ngobyag, oge acara nyukang,
siga panjat pinang ngan horisontal: meuntas dina awi gombong, di tungtungna
ngagarantung hadiah. Awina ngan ukur ditalian, jadi mun ditincak langsung
goyang, nu teu bisa mah, tangtu langsung tigejebur ka balong. Acara kariaan
di lembur mah, naon bae, sok jadi acara seuri nyakakak full.

Kirim email ke