Mapag Lebaran nu sabulan keneh, Bi Da'ah keur diajar nyieun bolu nu engkena 
bakal dijual. Bari ngabengbrengkeun bahan-bahanna, manehna  bulak balik 
ngilikan resep dina majalah. Bi Da'ah nelek-nelek resep mani ati-ati pisan, 
maklum sieun gagal. Mimiti ndog hayam negeri (pasti aya nu swastana atuwh*) 
dipekprek ku garpuh bari diasupkeun kana baskom. Dituturkeun ku gula bodas, 
tarigu jeung mantega dikocok make mikser meunang nginjeum ti tatanggana.

Unggal 10 menit manehna noongan bolu tina kaca open nu keur ngabeuleum. Geus 
kira-kira asak, bolu dikaluarkeun tina open. Rada tiis, bolu dikeureutan. Ari 
dirasa-rasa bolu teh asa teu puguh, bantat! Bi Da'ah ngutruk pedah boluna teu 
ngeunah,"Dasar! Resep tina majalah mah lain andelkeuneun! Kurang naon atuh 
nya?!"
Teu lila si Udin anakna nu cikal ngaliwat,"Mah, Udin ukeun*"
"Hempek, beakeun Din bolu gagal ieu mah!" ceuk Bi Da'ah bari mentegeg hatena.
Si Udin mani cacamuilan ngadahar eta bolu, teuing beuki teuing lapar.

Keukeuh hayang bisa, isukna Bi Da'ah geus diajar deui nyieun bolu. 
"Ah meh ngeunah, sugan nyieunna kudu dirobah sakahayang kuring yeuh*" ceuk Bi 
Da'ah ngagerendeng sorangan.
Kalalar si Udin ngaliwat,"Mah, ngadamel nu gagal deui nyah*"

ro2

Kirim email ke