Ngaran lengkepna "Muhammad Aristoteles Al-Kindi"
nyokot ngaran tilu jelema :
- Nabi Muhammad
- Aristoteles
- Al-Kindi

dua nu mimiti, kuring yakin baraya geus pada apal. anu terakhir, al-kindi, eta teh salah saurang cendekiawan muslim abad IX, http://en.wikipedia.org/wiki/Alkindi.

tadina kuring boga dua rencana ngaran :

- Muhammad Resi Raspati
- Muhammad Aristoteles Alkindi

anu kahiji di protes ku pamajikan, sabab kecap Resi ceuk manehna mah hartina 'tanda terima', maenya anakna rek dingaranan "tanda terima (receipt)" he..he..he... sanajan geus dijelaskeun, resi dina basa sunda mah lain eta hartina, tapi keukeuh embung. ahirna make ngaran nu kadua.

Aa Ican wrote:
Aeh geuning geus orokan? Ngaranna 'Al-Kindi'? asalna tina kecap basa inggris 'kind' nu hartina bageur, dasar kebarat-baratan! heuheu...

Lalaki? Bagea, Jang... Sing jadi jalma perceka anu soleh, cageur bageur bener pinter...

2009/8/21 Irpan Rispandi

    Baraya,
    geus galibna di masyarakat urang, dina nyanghareupan puasa teh sok
    menta
    hampura jeung silih hampura.
    kuring oge ayeuna sarua, arek menta dihampura tina sagala
    kasahalan, anu
    pasti aya. boh nu karasa atawa nu teu karasa.
    rumasa, sok goreng basa,
    rumasa, kurang hormat ka sasama,
    rumasa, sok ngaraheutan rasa,

    *** kuring boga dongeng lalakon nyambut kalahiran "Al-Kindi", anak
    kuring nu kahiji, ngan can waka ayeuna, teu kaburu nulisna.
    he..he..he..
    ke sugan kahareup.




Kirim email ke