Baraya,
alhamdulillah aya tips yeuh, sangkan teu cangkeul ngetik.

Dokumen anu didownload ti milis teh bentukna file PDF atawa file PNG. 
sangkan jadi tulisan urang kudu ngetik ulang deui.
Diantara baraya meureun aya anu geus nyaho carana sangkan teu ngetik 
ulang. Teu nanaon lamun geus nyaho mah, sukur. ngan lamun aya nu can 
nyaho, kuring boga tips yeuh.

Inti tina tips ieu nyaeta OCR (Optical Character Recognition). Jadi 
urang bisa nga-select text tina gambar, terus ditunda dina program word  
terus di save sebagai file teks.

Baraya, ternyata program Microsoft office ngabogaan feature OCR. 
Sahingga urang teu kudu ngadownload program OCR sejen. Feature OCR ieu 
ayana dina Start -> programs -> microsoft office -> microsoft office 
tools -> microsoft office documents imaging (MODI).

Hanjakalna program MODI dina Office 2003 (anu ku kuring dipake), ngan 
ukur bisa muka file anu typena .tiff jeung .mdi. sedengkeun file anu 
didownload ti milis, type-na .png.
Ku sabab kitu urang kudu ngarobah file .png tea jadi file .tiff.
carana simpel, urang jalankeun program MSPAINT (start -> all programs -> 
accessories -> paint). terus buka file .png tea. sanggeus kitu "save 
as..", pilih type file-na anu .tiff

Kakara file .tiff tea ku urang bisa dibuka make MODI.
sanggeus kitu, klik "tools -> recognize text using OCR". proses ieu 
ngajalankeun program OCR.
sanggeus beres, sorot teks anu ku urang rek dicokot.
terus klik "tools -> send text to WORD..."
mangka text anu tadi bakal di copykeun kana program MS WORD.

Ngan nya kitu, hasilna teu langsung mulus, urang tetep kudu ngedit, 
diditu didieu. tapi lumayan kan, teu kudu ngetik loba.

----------------------

lamun feature MODI can kainstall dina MS Office, urang bisa ngainstall 
make CD Install MS Office-na.
asupkeun cd MS Office, terus pilih menu "Add or Remove features "
terus dina menu "office tools", pilih "Microsoft Document Imaging", 
terus pilih "Run from My Computer"

cara leuwih lengkepna bisa di tingali di :

http://geeks.netindonesia.net/blogs/fuady/archive/2009/01/09/meng-ekstrak-teks-dari-gambar.aspx
http://office.microsoft.com/en-us/word/HA010703331033.aspx?pid=CL100636481033

sakitu heula, muga-muga mangpaat.






Kirim email ke