Saurang milyuner piknik make kapal pesiar mewahna. Ditengah lautan meunang musibah, kapalna ancur keuna ku badai. Manehna teu walakaya, angkleung-angkleungan bari nyenyekel papan di sagara nu sakitu legana.
"Gusti, lamun wae abdi salamet, abdi janji satengah kakayaan abdi bade disumbangkeun keur fakir miskin", Si Milyuner teh ngado'a bakating ku hayang salamet. Teu kungsi lila manehna kapanggih ku tim SAR, salamet dibawa ka darat. Geus di darat, ras manehna inget kana janjina rek ngabagi dua hartana lamun salamet. Tapi barang diitung-itung, geuning hartana teh gede pisan. Ngahuleng da ngarasa lebar. Tapi mucunghul ide, "Lain basa ngucapkeun janji teh pan keur di tengah laut, harita kuring ukur nyakuan dompet", manehna ngagerentes dina hatena. Gancangan manehna kadak-kodok kana saku calanana, ngaluarkeun dompet, duit nu dina dompet ku manehna dibagi dua, bari ngagereyem ngado'a: "Gusti, Harta dilaut mah benten deui sareng harta nu didarat ....." Baktos, WALUYA

