IrfanView Situs: http://www.irfanview.com/
IrfanView mangrupakeun parabot keur noong file gambar pikeun sistem Windows. Ieu parabot cukup sakti wewesenna. ukuran ieu parabot leutik, tapi gawena rancingeus, leuwih gancang ti parabot nu sarupa. Fitur lain, ieu parabot nyadiakeun fasilitas pikeun konversi file gambar kana puluhan rupa format, kasaup png, tiff, pdf, jeung nu lianna. Salian ti eta, ieu parabot teh "freeware", jadi urang bisa make ieu parabot, bari moal ngurangan pahala puasa, oge moal ngahalangan jalan lempeng ka sawarga. Parabotna bisa di-download di alamat situs di luhur. mh

