Haturan wargi. saminggu anu kalangkung, sim kuring sareng rombongan aya kinten 40 urang mah.jalan-jalan ka Mataram ibu kota provinsi NTB di pulau lombok.
Dugi ka mall, gorehel teh aya warung anu ngarana "Ikan Bakar Cianjur" atuh sapuk tah....sarerea rombongan teh, keur nyimpang ka eta warung. bari jeung sarangah serengeh asa balik ka lembur (kaleresan kuring mah urang Ciajur, cianjur kidul deuih)anu sanesna rupi-rupi. tasik, garut,kuningan, pandeglang, purwakarta. karawang pilalagi ari Bandung mah nyayeud pisan. Ari blus ka jero ruangan, dipapag ku lagu degung hawar-hawar menika ajrih pisan, reueus ngaran lembur kasebut di kampung batur. gerentes hate "tuh tempo ngaran cianjur mapaesan lembur batur" bari gaya adean ku kuda beureum kuring culang cileung neangan korsi kosong. warung cianjur nu sahaaa....anu ngarasa agul saha..... he....he....he.....(karunya nya dasar nineung ka lembur) Barang gek calik dina meja, bari raray marahmay someah kuring nanya ka pelayan awewe, kabeneran geulis deuih jiga mojang ti urang da pakeanana oge make pakean adat urang, kabaya sunda satengah "Nyi, aya naon wae anu tiasa di tuang ?" ceuk abdi bari nyerengeh jiga wanoh pisan. bari colohok budak awewe teh nanya make bahasa Indonesia "Maaf pak, Apanya yang harus dituang?" Galakgak teh, kabeh rombongan sabudeureun meja abdi nyaleungseurikeun bari sing celengkeung ngagegeakeun.(biasa urang sunda sok lalanyot geuning)atuh geuhgeuy didinya teh. " make bahasa indonesia atuh nanyana,da urang lombok mah teu ngartieun basa sunda!" sihoreng budak awewe etateh urang lombok dibungkus kabaya sunda. aya oge anu ngarengreakeun kuring: kieu cenah,"mbak, hati-hati yang dibacakan tadi itu bacaan jampe pelet, karena bapak itu tukang pelet" (teu euleum-euleum etamah kang selamet) bari beureum beungeut nahan seuri kuring ngarasa kaisinan, balaham belehem nyeungseurikeun polah sorangan anu belegug henteu nurut kana ucapan karuhun, cenah geuning kieu ceuk kolotmah. sing inget kana Tata, Titi, Duduga jeung Peryoga. Ari abdi, bakateuing ku reueus jeung gede hulu pedah ngaran kampung aya di lembur batur. singhoreng teh rumah makan ikan bakar cianjur frenchice. cenah. Pesen kuring kasadayana, dimana wae urang tong hilap kana Tata, Titi, Duduga sareng Peryoga. hatur nuhun wilujeng shaum baktos Sabilulungan Sumbawa.

