eureup-eureup hartosna gangguan dina jalan ngambekan nu keur sare, anu nimbulkeun impian pikasieuneun turta urang teu bisa lumpat atawa gegereon menta tulung, ceuk nu tahayul mah kitu teh ku jurig eureup2 ; arapap-eureupeup= teu bisa atawa hese ngomong kawas nu diganggu ku eureup2. upami jurig eureup2 mah jigana mang jamal apaleun.
________________________________ From: mj <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, August 27, 2009 9:48:55 PM Subject: Re: [Urang Sunda] [naros] eureup-eureup Bagea teh yanti. Susu ganan ieu mah. Eureup2 minangka cara alam bawah sadar ngadamel alarm yen dina awak aya saraf nu kajepit atawa sabangsana nu ngabalukarkeun kondisi teu nyaman aman. Upami lepat hapunten hehe da tukang ngacaprux tea. sent by strob...@cihideung bandung :) ________________________________ From: - yanti Date: Thu, 27 Aug 2009 21:29:26 +0700 To: <urangsu...@yahoogro ups.com> Subject: [Urang Sunda] [naros] eureup-eureup assalamu'alaikum ka sadayana.... meuni asa tos lami pisa tara mampir kababakan ieu... panginten tos harilapeun ka abdi nya? bade nepangkeun deui ah, sakantenan bilih aya anu teu terang ka abdi ;) nami, yanti aseli, tasik ngumbara di batam tos langkung ti 10 taun. eh, janten hilap,,, tujuan teh hoyong naros ka sadaya na dupi eureup-eureup teh aya kitu? eta teh jurig dina impenan? atanapi naon? masih panasaran tos bade sasasih milarian hartosna eureup-eureup :( nuhun ah ka sadaya na baktos, yanti.. -- Thanks & Best Regards, Yanti d'Mom of Rara & Hana | http://mamanyarana. 4shared.com/ | Blog: http://mamanyarana. blogspot. com | YM: yanti.r...@yahoo. com | FB: yanti rana |

