Sumuhun nun tiasa janten kitu kumargi kitu pamugi nu didugikeun ku sim abdi ulah janten `ngaganggu emutan": --- panambih wae . Shalawat teh hampir sami sumangetna sareng sahadat rasul nyaksi yen Muhammad Rasulullah upami maksadna mung ka Muhammad bin Abdullah kedahna kalimahna panginten: nyaksi yen numutkeun wartos, ti guru, ti qur'an, tina sajarah) pernah aya nu jenengan Muhammad rebuan taun kapengker nu janten rasulullah. Da urang mah terang saur cenah /teu pendak langsung.
Namung naha kalimatna tetep ashadu anna Muhammad rasulullah? Margi tiasa engke disaliksik - rasulullah nu pangkatna Muhammad ieu aya(tiasa kasaksi) di tiap jalmi ku kituna nembe leres ber islamna (sumerah pasrah ka nu Maha suci ) hiji jalmi upami parantos kahontal nyaksi " hakekatul Muhammadiyah" nu janten Rasulullahna pribadi. Muhammad dina qur'an nu ngan 4x kasebat ieu dijelaskeun sanes hiji jalmi caroge ti hiji isteri bapa ti hiji budak jst- tapi `pangkat' rasulullah. Da ari nyarioskeun Muhammad bin Abdullah mah Allah teh tara nyebat langsung eta jenengan. .Seueur ayat nu ngajelaskeun tiap umat gaduh rasulullah kan manuk ge saur Allah gaduh rasulna .nu pangkat/kelasna ti ngawitan ka-nuh-an dugi keun ka puncakna ka-Muhammadan. Janten seueur ulikan kasundaan mah, sakaterang, nu museurkeun kana nyaliksik hakekat kamuhammadana tangtung .kumargi kitu hakekat midamel shalawat ka Muhammad teh-utamina- ngadu'akeun diri pribadina supados caket /nyaketan/deuheus sareng nu pangkatna ka-Muhammad-an/ sing kabuka kamuhamamdana tangtung. ku kituna saurna urang sing kareresa ngadu'a shalawat/ngadeuheusan/nyaketan karasulan Muhammad. Kajantenan shalawat shallina Allah ka `Muhammad' pamugi sing tiasa karaoskeun ku urang salaku ummat Ari kanggo Sayyidina Ahmadna mah, manawi sapagodos, yen amal hiji jalmi nu tos pupus mah nambihna teh mung ku tilu hal turunanana (seuseueurna urang sunda mah sanes tedak arab); elmu (elmu karasulan Muhammad mah pan tos sampurna-islam); harta (duka tah teu kasebat deui harta anjeuna mah..fakir sanes? komo tos rebuan taun panginten). Shalawat sareng sahadat rasul teh, panginten ieu ge , sanes Muhammad bin Abdullah karooh hoyong di du'akeun/diangken namung utamina masihan ajaran supados keresa ngahontal eta kapangkatan margi karasulan anjeuna uswatun hasanah sok sanaos moal ari/tebih ka sami mah mung mudah-mudahan we nyaketan.. Nuhun tiasa manjang `ngobrol' . --- In [email protected], Ahmad Dimyati <a_dimya...@...> wrote: > > Upami sim kuring masih kenging nyanggem > Boa kangjeng Rosul nu agung oge masih kenging mangpaat tina sholawat urang. > Mantena beuki naek darajatna di alam akherat, beuki luhur ma'rifatna, beuki > onjoy pangaweruhna tina sabagian Pangaweruh Gusti NU Mahaberilmu nu > pangaweruhna teu aya batasna moal kahontal ku manusa sanaos ku pangersa > Rosululloh nu sakitu mulyana. Eta pangaweruh nu beuki nyongcolang teh > ditepakeun ka urang nu pasti meryogikeunana kanggo ngaronjatkeun tingkat > budaya urang di dunya, bari teu pegat tina udagan kana ma'rifat ka Gusti Nu > Mahasuci. Janten mangga urang teras shalawat kanggo mantena di alam > kalanggengan sareng urang nu diaping ku mantena di alam kabiharian. > > Baktos > > AD > > > > > ________________________________ > From: Eddy Nugraha <ednugr...@...> > To: [email protected]; [email protected]; > [email protected] > Sent: Saturday, August 29, 2009 18:04:12 > Subject: [Urang Sunda] shalawat kanggo saha? > >  > Seueur nun..Nu nuju susundaan alim shalawat; > > Saurna, Naa ari luluhur batur diduaâkeun, > luluhur sorangan diluli luli.. > > iih jungjunan maenya jalmi Mulya karooh > hoyong diduâakeun teras ku nu lagedu. > > Tingali sun tina rebuan ayat Mushaff Muhammad teh ngan... aya 4x, > eta gambaran hakekat urang. > > Jadi keresa shalawat teh ngundakkeun darajat awak nyalira. > > Urang kumaha nun? > > Boa sami, susundaan tapi teu kahontal sundana. > > baktosna, > Eddy Nugraha > http://kasundaansun damenceger. blogspot. com > http://www.facebook .com/EddyNugraha > > Berbagi foto Flickr dengan teman di dalam Messenger. Jelajahi Yahoo! > Messenger yang serba baru sekarang! http://id.messenger .yahoo.com > > > > > Get your preferred Email name! > Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. > http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/ >

