Aeh tong lepat pan urang teh aya dimilist US..kedah siap2 sakali kali..nampi
eta anu disebat heureuy Sunda tea....

On 8/29/09, dede solehudin <[email protected]> wrote:
>
>
>
> boronamah di bandungan ti mimiti nepi ka rengse ieu email, sihoreng
> heureuy....
> lumayan tamba kesel.
>
> jangdede
>
>
>
> 2009/8/28, brad porenges <[email protected]>:
>>
>>
>>
>>   Hatur nuhun ka uwa Surtiwa, MJ sareng baraya nu sanesna perkawis
>> dadaran eureup-eureupna. Dua sasih kapengker abdi ditaros ngeunaan
>> eureup-eureup oge. Lieur nu aya...da mung nguping teh ngan hiji sato we,
>> kumaha jenisna... puguh gideug!  Da kapungkur oge upami malik nanya
>> kitu...malah disalenggorkeun "Ari rek sare teh kudu babacaan heula, siah!",
>> kitu ceuk kolot abdi. Ceuk Abdi mah eureup-eureup teh walanda atawa belanda!
>>
>> buktos 1:
>> Baheula keur budak, aya hiji kaulinan namina eureup-eureup.
>> Eureup-eureupan yu!
>> Diulinkeun ku sababaraha hiji budak, ngantay patutur-tutur. Budak nu
>> ditukang leungeuna ditumpangkeun kan pundak nu dihareup, kitu terus tepi
>> kabeak katukang bari sirah tungkul kana taneuh sakapeung bari peureum. Budak
>> nu tihareup  leumpang tiheula, dituturkeun kunu ditukang. Sajajalan nu
>> ditukang nanya kanu panghareupna, raeng! Eureup-eureup? Nu panghareupna
>> nembalan, "Jauh keneh!".
>>
>> buktos 2:
>> Geus prah pan di Endonesia mun aya hiji kayaan nu kabereg atawa naon we nu
>> sok asa kaburu-buru kudu gancang anggeus, aya kekecapan atawa paribasa,
>> "Tenang belanda masih jauh"!
>>
>> Hehehe....jadi eureup-eureup sami sareng walanda!
>>
>> Wilujeng saum!
>>
>> porenges
>>
>>
>>
>>
>  
>

Kirim email ke