Ti peuting keneh budak kuring anu nomer dua awakna hareeng, kaciri 
ungsrak-ingsrek bangun anu eungap ngambekan. “Gin urang parios enjing ka 
dokter.” Cekeng bari ngabaluran tonggongna ku kayu putih. Isuk-isuk kuring 
indit kana motor ...jeung budak kuring ngajugjug dokter Pandji anu muka praktek 
di apotek “P” di jalan dokar Tasikmalaya, teu poho nelepun heula ka HRD menta 
ijin teu asup gawe
Sarongge: Beres dipariksa tuluy kuring nebus obat ka apotek, mun diitung-itung 
beak saratus lima belas rebueun jeung sapuratina.

Balik ti dokter the kuring ngadon mampir heula ka mall, ngahaja ngabebenjokeun 
budak anu gering, susuganan diubaran ku ulin ka mall jadi cageur. Tuluy kuring 
nanya ka budak hayang naon meungpeung aya di mall. Teu pira kayangna ngan 
saukur buah lengkeng. “Sok milihan nyalira.” cekeng bari nyoehkeun palastik 
keur mungkusna.
“Hoyong naon deui Gin?” tanya kuring
budak ngan ukur gogodeg tandana embung nambahan kahayang, jigana apaleun bapana 
teu bogaeun duit.

Kadorong ku rasa kanyaah, gebrus kuring ngabuskeun buah anggur beureum 
ditambahan ku roti kana karinjang wadah balanjaan
Datang ka imah kurang leuwih jam 11 siang, tuluy bunta-bantu pagawean urang 
dapur, dugi ka adan Lohor. Beres netepan Lohor kuring gogolehean di masigit, 
bubuhan hawana tiis reup we kuring kasarean, meunang dua jam kuring gogolehean 
di masigit da digugubrag ku budak kuring anu nomer tilu, cenah ditungguan ku 
indung budak, pedah si Jalu ceurik bae tara tisasari.

Datang ka imah gep si Jalu ku kuring dipangku, “Aya naon atuh kasep..tos teu 
kenging nangis hayu urang ningali manuk diloteng.” Cekeng bari tuluy mawa si 
Jalu ka loteng rek diajakan ningali si Jaguar. Budak lain kalahka jempe 
ceurikna, tapi kalahka tarik bangun anu kanyenyerian. Sajongjonan kuring 
bingung kudu kumaha ngarepehkeun budak.
Si Jaguar anu sakitu lindeukna tara tisasari gurupak-gerepek bangun anu hayang 
kaluar tina kandang.

Sabot kuring ngangais si Jalu bari merhatikeun si jaguar anu titatadi 
gurupak-gerepek, rieg-rieg imah kuring oyag... Baca Selengkapnya…teg hate 
kuring cumarita hmmm Lini…! Allohu Akbar..Allohu 
Akbar….SubhanAlloh…kalaluar…aya Lini…! Cekeng ngagorowok ka indung budak.

Tipepereket kuring mamangku si Jalu..imah dengdek kakatuhu jeung kakenca jiga 
keur naek parahu anu keur oleng, turun kana tangga lempang ngahaja dijegangkeun 
nahan kana tembok jeung kana beusi pamuntangan..leumpang egang nurutug ka 
handap, sirah budak dibubuskeun kana kelek da sieun katinggang, saencana budak 
anu jadi korban kajeun kuring anu palastra. Dugi ka lantey handap lini masih 
motah ngoyag-ngoyag imah, lempang kuring jumarigjeug nahan kasaimbangan, pas 
lini eureun kuring geus aya di jalan ngarumpul jeung anu sejen.





      Start chatting with friends on the all-new Yahoo! Pingbox today! It's 
easy to create your personal chat space on your blogs. 
http://sg.messenger.yahoo.com/pingbox

Kirim email ke