karah usum reunian nya?

ceuk beja dina pesbuk, sakola uing (SMA 1 Garut, baheulana SMA Garut, atawa
sanggeus kuring ingkah kungsi gonta ganti ngaran jadi SMU 1 Tarogong, SMA 1
Tarogong, pokona mah SMAN anu aya di Jln. Merdeka, Haurpanggung, deukeut
Kerkhoff) ge cenah rek ngayakeun reunian, malah dibagi dua. generasi kolot
(> 40) ngariung poe saptu, nu ngora (< 40) poe minggu.

Lengkepna tiasa ditingal di http://acara.sman1garut.sch.id/index.php

2009/9/8 mj

>   Mangga kanu ngaraos kantos sakola di SMAN Ciamis, nu lebahna di jalan
> gunung galuh no 37
>
> ayeuna SMAN I Ciamis,
>
> Ti lulusan taun 1962 dugo ka 2009, dihaturanan sumping ka acara reuni
>
> dinten Saptu 26 September 2009
>
> waktos 08.00-2.00
>
> tempat SMAN Ciamis
>
> Jl. GUNUNG GALUH 37
>
> CIAMIS
>

Kirim email ke