Duka tah, can kaditu jeung ieu kencleng teh can difokuskeun pikeun daerah mana.
Ka ditu we heula, mun aya posko, taros atawa ilikan peta nu aya. Bisa jadi pangkidulna pangrusakna (sacara geografi pangdeukeutna ka episentrum) Rencana ngabagi kencleng lini Ari sacara adat nu geus kungsi dilakukeun mah, aya dua cara 1. cara basa tsunami pangandaran, neangan hiji wewengkon nu jauh/kurang publikasi. Ngan kusabab lega euy, ti cianjur ka ciamis, ripuh oge ngilikanana. Kaburu lebaran. 2. Pangalengan pedah sacara geografi ti bdg pangdeukeutna. Tapi bisa oge ka tasik, nu pangparahna. Meunang dua jutaan yeuh. 3. Make jurus program paduli pangungsi papandayan baheula mah (tauna poho deui, nu jelas si kuring harita Jomblo keneh), si duit teh dibagikeun khusus pikeun baraya nu ngungsi nu gaduh balita. Ideu kang Aldo lucu oge, pikeun popok jeung pembalut. Heuheu. Ari kana popok mah rada wanoh da si kuring biasa meuli, huggies atawa pampers titahan indung budax. _____ From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of [email protected] Sent: Friday, September 11, 2009 9:11 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] kencleng Lini jumaah 11/9 Mang di pangalengan daerah paling rawan di mana? Enjing rek ka ditu jeung hendri epson

