Saumur-umur kakara kuring mah nincak tempat anu ngarana Penjara teh. Untungna lain sebagai "penghuni", tapi ngan ukur tamu. he..he..he... Kamari perusahaan tempat kuring gawe, ngayakeun acara buka puasa bersama di Rumah Tahanan Pondok Bambu, Jakarta Timur.
Acarana mah biasa we, ngadengekeun ceramah ti Ustadz bari ngadagoan adzan maghrib, terus buka babarengan.Anu teu biasa teh nya eta jama'ahna. Dina eta acara, jama'ahna teh nyaeta "Warga Binaan", istilah pikeun penghuni penjara.Anu hadir di masjid lolobana awewe, ari lalakina mah teu pati loba jeung deui rata-rata bararudak keneh. Anu dewasa mah 'teu dikaluarkeun' meureun. Kuring teu nyaho. Memeh acara ceramah, pihak tamu dibere kesempatan mengunjungi salahsahiji Blok Penjara, sakalian ngabagikeun paket buka puasa-na. Blok anu dikunjungi nyaeta blok anu ayana di gigireun mesjid tempat acara. Wangunanna panjang ka tukang, dibagian hareup aya pos jaga, lamun hayang asup ka jero wangunan, urang kudu ngaliwatan eta pos jaga. Sanggeus pos jaga, kakara rohangan penjara. Blok ieu dieusian ku barudak lalaki, remaja jeung 20-an lah. Penjara, anu kabayang ku urang tangtu karangkeng beusi, kotor, euweuh dipan keur sare jeung wc keur beberesih. Tah, kaayaan di eta blok ge teu jauh ti kitu. eta wangunan teh dijerona aya rohangan-rohangan pasagi ditutup ku jeruji beusi. ditengah wangunan, ngabulungbung koridor, di kenca-katuhuna rohangan-rohangan jeruji beusi tea. Sarohangan dieusian ku 10 - 14 jalma. Kotor, pengap. Di tiap rohangan, di bagian tukang aya tempat mangrupa bak, tapi teu ditutup. Sigana ieu toilet jeung kamar mandina teh. Keur sare, boro-boro spring bed, teu samak-samak acan. Sawaktu ngabagikeun paket, aya nu matak dedengeun. Aya diantara penghuni, sawaktu narima paket teh nyarita, 'Makasih bunda ....', bari melong kosong. Trenyuh urang ngadengena. Maranehna, anu cicing didieu, meureun loba anu jarang ditempo ku kulawargana. Sanggeus acara ceramah jeung buka bersama, aya kasempetan saeutik pikeun ngobrol bebas jeung 'warga binaan'. Lolobana penghuni penjara ieu teh, anu terlibat kasus Narkoba. Sanajan anu tindak kriminal sejen oge loba, kayaning curanmor, judi, pembunuhan, jsb. Aya hiji deui hal anu matak kuring nyengir, diantara warga binaan anu awewe, teu saeutik anu geulis.he..he.he.. Maranehna bisa asup kadinya teh lantaran kasus Narkoba cenah. Hanjakal teu panggih jeung Sheila Marcia, manehna agamana beda, blok penjarana oge beda cenah, jadi teu miluan.

