Idul fitri…naha bet janten lebaran?

..leres sun…

Pan mun tos hasil puasa teh urang uih deui ka fitrahna…
namung dina tamatna, lubar (bebas)  tina puasa… urang teh ngalelebar maneh 
deui…hasil puasa dilelebar deui…

Tos munggah (naek)  turun deui..

Tos medal qur’an  ditetepkeun qadar….

Ayeuna nuju teu puasa mah kantun macana & nampi qadar nu lungsur 
Sing emut lamun teu puasa mah nafsu teu katahan mah moal kawaris ayat qur’an 
bacaan bacaeun tuduh kanggo urang..pan kongas medalna teh saatos tarik 
puasana…lalilatul qadar ge moal bijil kanu teu puasa.

Asal setan nafsu tos katahan ayeuna hayoh dibukaan deui…

Matakna pangemut-ngemut luluhur  iedul fitri teh oge poe lebaran  lubar 
ngalelebar maneh deui…

matak ge..meh teu lebar teuing…

He nu ngalalebar anjeun 

Hayu urang shalat..
Hayu janten lawang ampunan…  
Hayu jarah … 
(…tong boro kuburan urang ge hirup pada ngadeuheusan teh kumaha sae henteuna 
amal tulisan tapak nyalira.nu teu aya tulisan tapakna mah dilaleyekan…diliwat 
deungeun)

Hayu…Urang Tanjeurkeun rahmat nu angger (sillaturahmi). 


Baktosna,
Eddy Nugraha

n.b.

Hayu urang ‘ngupat’ batur deui…he he he...

Kasadayana kawargian,..sim abdi
Neda hapunten lahir batin tina sagala kalelepatan kaluluputan Dosa ageung dosa 
alit, nu kahaja nu teu dihaja, nu karaos  nu teu karaos. Lahir batin dunya 
aheratna.



      Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com

Kirim email ke