plus +1 bada lebaran, andiw jeung si kuring indit ka cigalontang singaparna,
jangjian jeung kang Sopandi, urang pertamina nu karek pangsiun. nya niat
nganteurkeun sumbangan ti asosiasina, hagi, himpunan ahli geofisika indonesia.
rencana teh, sumbangan ti kusnet rek dihijikeun tea, jadi. ka daerah dinya,
500rebu ti kusnet+5juta ti hagi.
sumbangan di serahkeun ka kepala desa di imahna da bada magrib karek tepi ka
sesana, ka wewengkon ciamis. tadina rek ka lembur situ, wewengkon di kota
ciamis, cenah 40 imah rusak. tapi aya babaturan nu ngasms, mending ka pasisian
cenah, nu kurang kapalire. nya prung we ka cihaurbeuti. andiw meunang info ti
urang wanadri jeung damas, lokasi nu loba imah rusak. diantara di kp nanggela
sumberjaya cihaurbeuti. di dinya ti hagi disumbakeun 5juta. sesa nu ti kusnet
mah disumbangkeun pikeun renovasi masjid di kp cinangka, desa budi asih kec
sindangkasih.
basa ka kp nanggela cihaurbeuti mah kungsi ngilikan lokasi2 imah nu ancur.
sabagean geus keur direnovasi. aya nu unik karuh. imah panggung teu kukumaha,
imah tembok gigireunana rusak parah. salah sahiji sababna, nya meureun da ngan
ukur tembok teu make kolom beton. di singaparna mah aya nu make kolom beton
tapi rusak oge. sihoreng teu make ringbalk jeung sloop (beton nu ngurilingan
handapeun jeung luhureun dinding tembok)
tah ieu gambar imah di cihaurbeuti nu rusak can direnovasi.
Lebih Bersih, Lebih Baik, Lebih Cepat - Rasakan Yahoo! Mail baru yang
Lebih Cepat hari ini! http://id.mail.yahoo.com