Baraya,
 
Bilih hoyong uninga daun Temung Kanjut ieu ku sim kuring dialungkeun fotona 
mung hanjakal foto tangkal saujradna mah teu kagungan, ieu oge oleh-oleh ti 
urang Sukabumi nembe, wartos ti urang Sukabumi sauna sae kanggo ngalandongan 
mang rupaning tumor/kangker sapertos kista, kanker payu dara, amandel sareng 
sajabina.
 
Cara ngolahna nyaeta daunna dipetikan mung kahade cucukna seukeut pisan teras 
beresihan/kumbah. Sacanggeun daun temung ditutu dugi kalemesna teras di banjur 
ku saparapat gelas cai panas, kocek-kocek teras disaring diperet. Cai 
saringanna ditiriskeun dugika ngabentuk sapertos cingcau. Pami tos janten 
cingcau mah kantun dileueut bae sadinten dua kali (pagi-sore). Saena mah saurna 
dicampur sareng sambiloto.
 
Mungkin di luar Sukabumi oge seueur mung benten namina panginten.
 
Baktos,
WAG 


      Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. 
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke