> Surtiwa <surt...@...> wrote: > Sigana boga elmu "rarasaan mah".........atawa memang "psy > war"..
Bah, moal boa, info biseksualna Noordin oge ukur "psy war"? Tapi asa teu mungkin, da nu nyaritana akhli forensik kakoncara dr Mun'im Idris. Atawa lain biseksual, rusakna anus Noordin teh meureun kulantaran dipake nyumputkeun bom, ngan bom jenis naon nya? Hirup jelema sok pinuh misteri, katempona kieu, kanyataanna beda deui. Kahirupan homoseksual atawa biseksual di masayrakat urang teu pati ditarima ku masyarakat, malah sok dimusuhan, beda jeung masyarakat Kulon nu geus bisa narima. Akibatna (meureun ketah) kaum ieu sok jadi "beringas" jeung antisosial. Loba kasus kriminal nu pinuh ku katelengesan dilakukeun ku kaum ieu. Seueur patarosan nu ngagantung ku info eta teh. Naha Noordin teh sarua jeung Ryan, sang jagal ti Jombang? Kunaon para pelaku bom bunuh diri disebut "Pengantin"? Naha aya "ritual"na kitu, tepi ka nu rek ngalakukeun "bom bunuh diri" nurut wae, siga munding ditarik tendokna? Misteri .... nu sigana mah moal kabuka, sanajan ku pulisi oge ... Baktos, WALUYA

