eta perkara angkot surabaya, enya lieur. pernah hiji waktu, kulantaran nyaba sababaraha poe, hayang apal jalur angkot. naek ti bungur asih, rek ka keputih. sapanjang jalan, eta ngaran jalan teh ku uing dicatet. keur anteng nyatet ngaran jalan, jigana katempoan ku supir, manehna nanya, "nyatet noan?" cenah. teuing ku naon sababna eta supir teh kalahka ngambek, pedah uing nyatet ngaran jalan nu kaliwatan. teuing kasinggung meureun. sabab uing diuk gigireun supir, disedek-sedek teh geuning sungutna bau alkohol. -mh-
2009/10/5 jangdede <[email protected]> > > > hiji kurangna surabaya teh, SARANA TRANSPORTASI di jero kota jigana kurang > dipalire. > angkot oge geus barulukan, beus kota komo deui asa teu manggihan. > tah mun dibanding jeung Bandung mah, jigana dina masalah transportasi mah > Bandung teh meunang. > Tapi aya sasaruanana, MACET! > > salam > jangdede > > >

