--- On Tue, 10/6/09, roro rohmah <[email protected]> wrote: > From: roro rohmah <[email protected]> > Subject: Bingung... > To: [email protected] > Cc: [email protected] > Date: Tuesday, October 6, 2009, 1:15 AM > > > > > > > > Assalamu’alaikum Wr. Wb. > > > > > > > Kang Ya > damang? > > > > > > > Rada > rungah-ringeuh basa Kang Ya > nyebatkeun yen tara ngulampreng ka milis pedah > aya Dewi Gedeng Permoni? Ceuk jero hate,”Alaaakh… > boa-boa uing yeuh? > cilaka!” Ke…ke… Saha Dewi > Gedeng Permoni > teh? langsung we sosorodotan na Google, nya mendak pisan. > Bogoh mah leres ka > Guru Besar, kena-kena pangawakan uing jangkung badag hayoh > disaruakeun jeung > Raksesi (da ieu mah tos on board tidituna) ah, Rasexy meureun heuheu… komo > bari > digambarkeun jahat & nyieun onar > mah…Teungteuingeun! > > > > > > > Ngahaja ku > abdi teu di waro, > karaos ku Kang Ya pan? emang cuek dienakin? Eh, emang enak > dicuekin? Ketang, > tadina mah abdi teh gaduh niat niiskeun pikir ti dunya goib > salian ti > kaperyogian kantor. Ngabulak-balik emutan. Neda pituduh ka > Gusti Nu Maha Suci. > Ngaji rasa, ngaca diri, naha > wawanian miharep hiji Seleb, Panalungtik bin Guru Besar di > Korea? Piit > ngeundeuk-ngeundeuk pasir coy…. > > > > > > > Wilujeng, 2 > kali janten catur > Menristek. Emut kana foto Kang Ya sareng Kakus nu masih > keneh aya na folder > yr32 di my kompi heheh… Eta foto mucunghul di Kusnet > sateuacan abdi kenal ka > Kang Ya. Sanes pedah Kang Ya difoto sareng Kakus, tapi duka > kunaon abdi kataji > ku imut Akang nu katingali humoris, akrab, ramah tamah, > baik hati dan tidak > sombong. Hate abdi ngagerentes, “Ya, Allah… abdi hoyong > kenal sareng ieu > pameget, tapi kumaha carana?” Asa mustahil kanggo abdi > mah. Teu lami ti dinya > ngobrol na YM sareng Puppy nu jangji bade ngenalkeun tapi > buntu. Alhamdulillah > ku Allah dipasihan jalan, kenal kunyalira via dodol > Temulawak, dilajengkeun > diajar nyarpon hehe… > > > > > > > Aya > sababaraha foto Kang Ya nu > abdi resep. Foto dina banner multiply, Kang Ya nuju neuteup > jauh (asa jararauh > panineungan)… Foto diantara Menwa (mun di urang mah), > bleg we siga urang Korea , > da soca Kang Ya ge sipit. Nu nuju ngarayu manuk onta, bodor > pisan! Heheh.. Pose > ningali ka luhur (musim semi sigana) kembang nuju meujeuhna > mekar. Ah, abong > photographer… Saleresna abdi ge resep kana fotografi, > hanjakal kawilang hobi > awiz kanggo abdi mah, margi kedah gaduh kamera nu canggih. > Ari nganggo kamera > digital pocket biasa mah asa biasa. Tipada teu kasalurkeun, > ning > ngamaksimalkeun fasilitas kamera tina HP, ngoprex software > Photoshop & maca > artikel fotografi tina Kompas unggal dinten Salasa, lumayan > nambihan > pangaweruh. > > > > > > > Boboran > kamari abdi sindang ka > bumi Akang, satos ngolo ditambihan ku ngabohong sakedik ka > mamah yen aya email > ti Kang Yaya miwarang sindang. Nu tadina kekepehan da bakat > ku isin, antukna > mamah kersaeun nyarengan. Niat mah manjangkeun silaturahmi > sakantenan ngalongok > kulawarga Kang Ya nu tos lami teu tepang. Alhamdulillah, > geuning sepuh Akang > mah sakitu saromeahna ka abdi, naaa… ari Kang Ya kunaon > atuh mani asa ku > ngewa-ngewa teuing ? Kade ah Kang, tong kateuingan teuing, > ngewa jeung cinta > teh beti alias beda tipis heuheu.. > > > > > > > Ieu mah > mung saukur ngalamun. Pami > Kang Ya aya maksad ka abdi, heug abdi kedah ngantosan, > mangga teu sawios > diantosan, etang-etang ibadah. Panginten, mana kieu ge > “diwariskeun ngantosan” > ku pun biang. Anjeuna ngantosan pun Bapa (nu yuswana benten > 8 taun) nuju sakola > di Rusia 1964-1970, tetep satia satuhu ka pun Bapa. Ayeuna, > tos 13 taun > dikantun pupus, angger rarangdaan. Majarkeun teh, pami > nikah deui, ke moal > pendak di akherat. > > > > > > > Kapungkur, > dina enggoning > ngantosan, pun biang diajar sagala rupi kaparigelan istri > ti ngawitan nutu dugi > ka masak, ti gegeroh dugi ka ngaput. Alhamdulillah ayeuna > “expert” dina widang > nutu hehehe… Buktosna, Ema kamari dipaparin ulen raos bin > pelem damelan mamah. > Ni terharu (naon Sundana nya?) ningali Ema nanangkeup eta > ulen. Nya, piraku > teuing atuh ari ngantosan Kang Ya mah sakitu lamina? jaba > ayeunamah era modern > full technology. Kieu-kieu abdi teh kuli, nya lumayan aya > nu dipidamel kanggo > ngabangbrangkeun hate bari > ngabuburit. > > > > > > > Lamunan nu > ka dua. Pami abdi kedah > ngurebkeun harepan & emutan ka Kang Ya, abdi kedah > ngajauhan sagala rupi > ngeunaan Kang Ya, mangga. Da bade dikumahakeun deui atuh? > Hoyong janten > rerencangan alim, komo deui ngajodo? Tapi panginten teu > tiasa langsung kitu > wae, da abdi mah jalmi sesah…. sesah he lovena. Niiskeun > pikir tina internet > kamari teh etang-etang latihan kanggo abdi. Saterasna > folder, email, YM srrd nu > aya pakuat pakait sareng Kang Ya, bade dirupus. Panginten > abdi kedah amitan oge > ti Kusnet, nyerenkeun jabatan salaku kuncenwati. Kusnet nu > janten cukang > lantaran abdi pendak sareng Kang Ya. Deuih, bilih ayana > abdi di milis > ngahalangan Kang Ya pami bade gunem catur sareng anggota > milis nu lian. > > > > > > > Sedih oge > pami kedah amitan ti eta > milis. Seueur pisan mangpaat sareng bipaatna nu kaala ku > abdi ngeunaan elmu > pangaweruh mangrupi sajarah, basa & budaya Sunda. > Seueur nambihan baraya ti > sakuliah dunya, seueur nu nineung ka abdi, malihan mah aya > oge nu kantos > nepangan ti Canada & Tennessee, bodor ceunah seratan > abdi.. panginten > kantun waasna… hiks… > > > > > > > Leres, abdi > jalmina resep heureuy > utamina dina seratan, sanaos ari nyarios mah sok > bebelepbepan. Tapi pami > diheureuykeun ku batur mah alim, da abdi tara > ngaheureuykeun batur. Teu tega. Boa-boa abdi nuju > dijadikeun bahan > panalungtikan? Disajajarkeun sareng Temu Lawak, Temu Ireng > & Temu Kunci? Nu pasti mah, abdi > asa dijadikeun langlayangan jaba direuah-reuah ku cs Kang > Ya, ditarik…. > diulur…. ditarik… diulur deui…suwer, abdi bingung... > kapalay Kang Ya teh kumaha > atuh? > > > > > > > Sakitu > heula carponna… > > > haturnuhun. > > > > > > > Wassalamu’alaikum Wr. Wb. > > > ro2 > > > > > > > > > New Email addresses available on Yahoo! > > Get the Email name you've always wanted on the new > @ymail and @rocketmail. > > Hurry before someone else does!

