Wilujeng nungtut elmu mang J. Mugi sagalana lancar.
Biasana janjina kedubes mah sok nyokot kondisi nu panggorengna, jadi mun janji 
tanggal 19 Oktober eta teh paling elat. Pun bojo pernah dijanjian ku kebubes 
Jerman, Visa anggeus jero 3 bulan.... eh karek 3 minggu geus bisa diteang. 
Sok.. asal rajin nelepon we saminggu sakali. Sim kuring kantos nyeponsoran anu 
bade ka Jerman, tah sanggeusna surat2 permohonan Visa disetorkeun ka kedubes 
Jerman di Jakarta, teu kungsi lila, sim kuring didieu meunang surat via pos ti 
"Auslander Behorde", anu kudu dijawab paling elat 2 minggu, teu di 2 
minggukeun, harita keneh ku sim kuring dijawab via pos oge... eh enya bener, nu 
di Bandung atoh, visana anggeus 2 minggu miheulaan janjina kedubes.

Wasalam,
Trias.
Ti Toulouse isuk ngadeukeutan deui Walanda, terbang ka Hamburg.   
Alhamdulillah, kumpul deui.
--- On Tue, 10/6/09, mj <[email protected]> wrote:

From: mj <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] visa haratis
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Date: Tuesday, October 6, 2009, 12:31 AM






 




    
                  







Kamari senen ka jakarta, rek ngurus visa ka kedutaan besar kerajaan belanda di 
rasuna said kuningan. 

Nuhun ka kang Agus pakusarakan nu ngabejaan lebah-lebahna eta kadutaan. Jadi 
teu kungsi sasab heula.

Ngan edas sistim kaamanana, serem. Pageur beusi baradag. Asup teh tas 
dipariksa, hp dompet oge. Make panto detektor tea.

Nya da meureun di urang mah rawan teroris tea.

Narima formulir bingung da basa walanda. Sanajan kungsi dijajah maranehna ituh, 
meureun ngan aki nini atawa ortuna aki nini nu barisa jeung ngarti basa 
walanda. 

Ngeusi formulir mah ja gampang, ngan aya data nu teu nyaho. Tanggal lahir ortu. 
Atuh balik deui ka loker terus nelepon di luar-deukeut erasmus huis, kontak ka 
kolot di ciamis. Naroskeun tanggal lahir emih jeung bapa. Dicatet dina dampal 
leungeun, terus balik deui ka tempat nulis formulir. Hehe.

Bari rada tegang, sieun sarat nu kudu dilampirkeun kurang. Maklum kudu balik 
deui ka bandung mah teu lucu. Sanajan ngan dua jam, eta migren geus siap nyerbu 
sakadang hulu. 

Dina internet mah kudu mayar 60 euro atawa cek satpam kedutaan, siapkan uang Rp 
830.000. petugas loket visa ningali tujuan si kuring jeung babaturan: sakola, 
bari mariksa LoA (letter of acceptance, surat ti profesor di belanda nu sadia 
jadi supervisor si kuring salila di kampusna, sarat utama sakola di luar). Si 
teteh grace indit heula ka bosnya, ke urang tanya sugan bisa hararis cenah. Teu 
lila manehna balik deui bari nyarita yen visa si kuring haratis! 

Atoh nu aya. Salamet! Hehe. Sabab masih kudu kaluar duit rad dua tilu juta, 
sedeng beasiswa can katarima. Travel insurance tilu bulaneun, tadi nanya ka 
interlink di wastukancana, nya sakiter dua jutaeun (190an us dollar, make AIG). 
Terus can setor booking kamar kosan, 100 euro, meureun 1,4juta. Sok sedih ari 
patali jeung soal kurs teh. Duit urang nu juta-juta kitu, ditukeur mah jadi 
receh atawa nyaeutikan.

Visa anggeusna 19 oktober. Padahal tanggal eta geus reservasi pesawat. Kapaksa 
kudu diundur.



 

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke