Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Daramang baraya? Abdi seja nganuhunkeun ka :
1. Allah SWT nu parantos maparin ieu cocobi,
panginten mana kieu ge abdi dianggap sanggem mayunanana. Sanaos kantos
rada “nyeuneu”, diemut, dibulak-balik, Alhamdulillah tiasa rerep
deui.
2. Baraya Kusnet nu parantos ngabantos ngarojong,
ngupahan, ngabeberah manah, masihan sumanget, sareng sajabina ka
abdi ngalangkungan email japri, SMS sareng YM, anu nyasatna murudul
ampir unggal dinten waktos sim abdi "kenging cocobi". Tetela di ieu
milis teh sim abdi henteu cuang-cieung... I love u full baraya!
3. Teu ngirangan rasa hormat abdi ka Kang Yaya nu
parantos masihan jamu “kuat kaera” sari Temulawak nu matak sehat kana
awak. Sakali deui abdi neda dihapunten samudaya kalepatan lahir
sinareng batin, dunya wal akherat (meungpeung teu acan seep Boboran
Siam 1430H).
CAIYO!
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Roro.
Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com.
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/