he..he..he..
ceu Roro, wel kam bek !!!

ku kuring mah ceu Roro dianugrahi gelar SRIKANDI, sabab boga mental baja. he..he..he..
tah siga kieu kuduna urang sunda teh. Ulah epes meer jeung pundungan.

silang pendapat nepi ka pasea mah wajar. pon kitu deui "bentrokan" dina bentuk sejenna. da bongana manusa mah mahluk sosial anu butuh interaksi.
tah dina interaksi eta sok kajadian "pasalingsingan" teh.

Wilujeng ngariung deui ceu Roro Srikandi Rohmah ...


roro rohmah wrote:
Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Daramang baraya? Abdi seja nganuhunkeun ka :

1. Allah SWT nu parantos maparin ieu cocobi, panginten mana dipaparin ge abdi dianggap sanggem mayunanana. Sanaos kantos rada “nyeuneu”, diemut, dibulak-balik, dibeuweung lajeng diutahkeun, Alhamdulillah tiasa rerep deui.

2. Baraya Kusnet nu parantos ngabantos ngarojong, ngupahan, ngabeberah manah, masihan sumanget, sareng sajabina ka abdi ngalangkungan email japri, SMS sareng YM, anu nyasatna murudul ampir unggal dinten waktos sim abdi "kenging cocobi". Tetela di ieu milis teh sim abdi henteu cuang-cieung... I love u full baraya!

3. Teu ngirangan rasa hormat abdi ka Kang Yaya nu parantos masihan jamu “kuat kaera” sari Temulawak nu matak sehat kana awak. Sakali deui abdi neda dihapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin, dunya wal akherat (meungpeung teu acan seep Boboran Siam 1430H).

CAIYO!

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Roro.


------------------------------------------------------------------------
Get your new Email address! <http://sg.rd.yahoo.com/aa/mail/domainchoice/mail/signature/*http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/>
Grab the Email name you've always wanted before someone else does!


Kirim email ke