Tos sering pisan gunem catur hartosna Sunda di milis ieu. Numutkeun abah Surya, salah sawios hartosna Sunda diantawisna :
1.Sunda, jangkar kecapna sund Hartina caang, moncorong, cahayana mere sumber kahirupan keur sakumna mahluk.Ku kituna pancen Ki Sunda teh lir ibarat gawena panonpoe,mere obor karahayon, sangkan pangeusi bumi hirupna caang narawangan. Ku kituna, lain nyunda pingaraneunana upama kaayaan dirina nya surem nya poek; surem lahir, poek batin. Anu kitu pandena mah pibasaeunana teh Sunda Samagaha; bororaah kana bisa nyaangan batur, dirina oge poek meredong, ngatog talag tolog titarajong. 2. Sunda, hartina waspada. Waspada teh sikep manusa nu ati2, pinuh ku duduga prayoga, asak jeujeuhan, matang timbangan, ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala salengkah.Waspada permana tingal, nyaho kana nu baris kasorang. Ieu teh salah sahiji sarat pikeun jadi pamimpin, nyaeta weruh sadurung winarah, awas waspada permana tingal. Ku kituna, henteu merenah disebut pamingpin nu nyunda, upama henteu deuleu, pondok lengkah, teu apal usikna wanci, teu apal kahayang jaman. Pamingpin mah kudu ngindung ka waktu ngabapa ka jaman; bisa ngigelan jeung ngigelkeun jaman. 3.Sunda, hartina punjul. Kecap punjul ngandung harti onjoy atawa aya leuwihna ti nu biasa. Kecap punjul tuduh kana kualitas, kana prestasi. Kukituna, teu ka asup nyunda, upami hirupna henteu aya punjulna (niley pleus), henteu mibanda kualitas (ajen diri, jati diri), dalah upama tea mah ukur "biasa2" oge teu kaasup nu nyunda. Da Sunda mah hartina punjul. Kecap punjul oge ngandung mana sanggup diuji, dibalapkeun prestasi jati dirina, sanggup nyanghareupan persaingan hirup. 4.Jrrd Cekapkeun heula sakieu, hapunten Gagak Hideung To: [email protected] From: [email protected] Date: Thu, 15 Oct 2009 11:06:41 +0000 Subject: [Urang Sunda] ass, ass,,, akang teteh cing simkuring pangmukakeun,,,,,, ari hartina sunda teh naon??? lamun kiwari ninggal urang sunda asa lain ninggal urang sunda,,,, geus teu ngahiji,,,,,, hirup lir ibarat sorangan-sorangan,,, tah simkuring pangkedalkeun ari hartosna sunda teh naon???? simkuring rumaos urang sunda tapi ngan saukur aosan,,,, teu apal urang sunda teh naon,,,, ari urang sunda mah kudu inget kana purwadaksina,,,, tah sismkuring kakarek rek niat ngalakonan jadi urang sunda,,,,,, _________________________________________________________________ Windows Live: Make it easier for your friends to see what you’re up to on Facebook. http://www.microsoft.com/windows/windowslive/see-it-in-action/social-network-basics.aspx?ocid=PID23461::T:WLMTAGL:ON:WL:en-id:SI_SB_2:092009

