Buah nu dimaksud ku mh, di kuring mah ngarana 'Cecenet', (e-na siga e
dina kelek).
aya paribasa "cecenet mande kiara, jogjog neureuy buah loa"
maksudna sarua jeung "pungguk merindukan bulan"
mh wrote:
jigana nu dimaksud cecendetan.
gedena sagede kaleci, buahna aya bungkusan.
tutuwuhan ngarambat jiga tomat.
-mh-
2009/10/19 Roro Rohmah <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
Baraya,
Kamari iseng ngobrol sareng pun biang, anjeunna nyarioskeun hiji
bungbuahan nu disebat Takongkeng/Cermot, saurnamah wanguna siga
Stroberi, amis, tapi ayana di leuweung. Yakin, wayah kieu mah
siganamah tos langki, atanapi pundes pisan. Duka tah... Aya nu
uninga? Diantos pedaranana...
salam,
ro2