Amrik anu GDP na $ 16.000 Milyard Menterina ngan 14 urang, Indonesia anu GDPna ngan $ 560 Milyard Menterina 34 urang
On 10/23/09, Roro Rohmah <[email protected]> wrote: > > > > Marty, tadinamah sugan teh sanes urang Sunda da nganggo y, biasana mah > Marti. Komo jaman kiwari mah i tungtung nami teh ngaruh pisan, meh rada > “ngota”…ari dipiwarang ngeja nami ni sok omat-omatan… “Awas nya make way > lain i” Pas ningali tungtungna Kartalegawa, ah yakin ieu mah urang Sunda, > da Jawa mah pasti "o" hehehe… Punten heureuy ah, Pa Marty! > > Iseng we nembe mah ngawangkong sareng nu gigireun kaleresan carogena urang > Garut, trah menak .. > “Pajar urang Garut, sugan wawuh jeung Kang Marty nu jadi Menlu”. > “Wawuh mah henteu, ngan emang rada dulur… kapi-kapi…” > Haaaarrrrr…. jauh atuh ari kapi-kapi mah, komo ngan saukur sabrayna misan > mah heuheu… > > Leres Bah Wil… sanaos saur Kang Irpan tea mah “embel-embel” Raden teh > warisan kolonial, tapi ningan ku Den Marty mah masih keneh dianggo, ngangken > keneh anjeunna terah menak Garut. Untung anjeuna pameget, masing nikah ka > urang Thailand ge pala putrana kaci nganggo gelar Raden, pami istri mah tos > laer panginten… licik silsilah getih biru mah nya?... > > Paingan atuh Gan EsBiWay mercantenkeun jabatan Menlu ka anjeuna da ti anom > keneh apaleun kana kaayaan luar nagri. Kamari noong na koran, urang Ambon > daremo pedah teu aya nu ngawakilan janten mentri. Ari keukeuh unggal seler > kedah aya wawakil janten mentri mah, kacipta seueur pisan & jabatan menteri > teh diaya-ayakeun. sigana. > > Wilujeng, ngiring reueus ka US nu janten mentri, > ro2 > > >>> [email protected] 10/23/09 03:48PM >>> > > Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote: > > tina kieu kuring mah jadi hayang nanya, keur naon atuh urang ngobrolkeun > hal > > ieu di dieu? daningmun urang hayang jadi nu dianggap sacara nasional > atawa > > regional nepi ka internasional teh teu kudu jadi urang sunda? lain ari > > kahayang ieu "milis" teh nanjeurkeun sundana oge teu ukur urang sundana > > wungkul? > > Hehehehe...Kang Dud, nu dimaksud nanjeurkeun sunda teh naon? Pan nu > dimaksud teh jelemana. Jelema boga asal-usul, jeung umumna jelema perlu > asal-usul ieu. Tingali we aran Marty Natalegawa nu teu leupas ti Raden, > dalah anakna wae make Raden. Hartina Marty reueus kana asal-usul turunana nu > asal Sunda. Ku aran wae, Marty Natalegawa sabenerna geus ngelebetkeun > "bandera" Sunda! > > Baktos, > WALUYA > > >

