haii smw' ni w tuti, lam knal yah. oh iya w mo donk kl lu pny info2 baru gt tntang grup ni krimin ja k e-mail w [email protected] makacih yah
--- Pada Rab, 28/10/09, Obay tea <[email protected]> menulis: Dari: Obay tea <[email protected]> Judul: [Urang Sunda] Ti Urang keur Urang. Kepada: [email protected] Cc: [email protected] Tanggal: Rabu, 28 Oktober, 2009, 1:24 AM Jang Irpan, Keur ngagambarkeun lamunan prinsip "dari kita untuk kita", urang make kawijakan ekstrim saperti kieu: Sakabeh sumber daya alam, sektor industri, pertanian jeung sajabana, dinasionalisasi. Kabeh ditangkes ku bangsa urang. Diasumsikeun nagara sejen rela jeung teu protes ku kawijakan urang. Tah tisamet ayeuna bangsa urang mandiri, teu gumantung ka bangsa sejen. Konsekuensina urang kudu ngageroh SDA jeung SDM sorangan. Conto sederhana urang kudu bisa ngoprasikeun tambang Freeport. Hal-hal di handap ieu kudu bisa di jawab: 1. Bangsa urang bisa ngoprasikeun alat-alat berat? (jawab: bisa) 2. Lamun alat berat eta rusak, bangsa urang bisa nyieun nu anyar keur gantina? (jawab: teuing) 3. Keur ngitung komposisi konsentrat perlu komputer, bisa nyieun processor siga Intel? (jawab: teuing) 4. Lamun urang geus hasil ngolah jadi tambaga, payu dijual ka bangsa sejen? (jawab: moal payu, sabab batur oge ningali neraca perdagangan manehna, moal meuli lamun urang teu meuli produk manehna) Karek ku opat pertanyaan wae geus loba teuing-na, komo deui lamun sakabeh aspek dirinci hiji-hiji. Jadi lamun urang hayang bener2 mandiri dina harti ekstrim, urang kudu siap lamun standar hirup nurun. Peuting make cempor, ka pasar make delman, milis sunda bakal tutup! Manusa geus digariskeun jadi mahluk sosial dina harti saling ngabutuhkeun siga urang jeung tatangga. Dina harti anu sarua oge nagara urang jeung sakabeh nagara internasional. Anu jadi masalah nyaeta, urang kudu nyaimbangkeun (balancing) antara kapentingan diri urang jeung kapentingan nagara sejen. Tah dina masalah balancing ieu bangsa urang kurang parigel. Cag. Obay. ~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong....~ Note: Barang anu ayeuna diimpor ku urang lolobana anu memang euweuh di urang. Jadi geus lain "lamun" deui, saestuna barang eta memang euweuh di urang. Re: "Korsi Panas" Menkes? Posted by: "Irpan Rispandi" mr.rispandi@ gmail.com Tue Oct 27, 2009 1:51 am (PDT) Cikan... aya nu bisa ngagambarkeun teu, bakal kumaha bangsa Indonesia, lamun manehna ngajalankeun prinsip "dari kita untuk kita", sagala dicukupan ku sorangan. Lamun kapaksa impor, nya impor barang anu bener-bener euweuh di Indonesia. kira-kira kumaha hasilna nya ? -- Aing teu gableg BlackBerry� powered by Sesuai KEBUTUHAN New Windows 7: Find the right PC for you. Learn more. ___________________________________________________________________________ Dapatkan alamat Email baru Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

