Wilujeng siang, Dhiba...abdi bade naroskeun sabara kinten kintena ongkos sareng biaya ngomean bumi. Eta bumi teh di Sukabumi kakantun pun biang. Fondasi na mah sae mung wuwung na sareng lalangit sa bro bro eun. Hoyong di renovasi, upami tiasa ditingkat keun. Bumina L shaped. Kamar bobo na mah seueur da adi adi sok nempelan ngadamel. Kamar ibak dua. Upami keur salse sareng purun ngawagel manga diantosan: [email protected]. Hatur nuhun sateu acan na.
________________________________ From: Dhiba <[email protected]> To: [email protected] Sent: Sat, October 31, 2009 1:28:50 AM Subject: [Urang Sunda] MANAWA SARENG MANAWI Assalamu'alaikum WR . WB Hapunten sateuacana simkuring wawantunan ngintun ieu serat .. Manawa sareng manawi aya nu peryogi ku tanagi sareng pangarti pribados anu kawates ieu ... Pribados Linggih di : Cimahi Tempat Tanggal Lahir : Bandung , 25 Agustus 1976 Pengalaman Ngadamel : Taun 1998 dugika 2009 Teras ngadamel di Kontraktor Simkuring Tiasa Nganggo Windows , Microsoft Office , AutoCad , AutoDesk 3D Max , Corel , Insya Allah Software nu sanes tiasa sanaos teu ahli .. Basa Deungeun nu kakuasai Mung Basa Inggris Hungkul .., InsyaAllah Active Speaking saur nu sanesmah .. Kumargi salami ieu ngadamel di kontraktor simkuring mung tiasa Ngolah padamelan di lapangan , estimasi biaya ( Ngetang BoQ ) , Gambar teknik sareng perencanaana . sakitu ti pribados , mugi kersa ngahapunten sakali deui ... simkuring nyerat ieu serat kumargi sesah gening ayeunamah hoyong milarian padamelan nu engal teh .. Haturnuhun . Wassalam .

