Nyohag ah...
Mitos ucing, jadi inget ka babaturan bapa uing*
Harita rek nganteurkeun anakna ujian UMPTN. Sarua jeung dongeng Bah Willie yen 
nubruk ucing bisa jadi mamala/musibah. Teuing pedah rusuh ngudag waktu, teuing 
pedah geus kitu jalanna ti Allah... ujug-ujug aya ucing ngaliwat. 
Ciiiiiiiiiiiittttttt.....bakat ku sieun ngageleng, ucing salamet tapi mobil 
digiwarkeun ka lebah gawir* m u r a g* nepi ka maotna. Alhamdulillah anakna mah 
masih keneh dibere salamet, najan barared. Kudu kumaha atuh nyanghareupan 
ucing?...

ro2


>>> [email protected] 11/02/09 04:15PM >>>
Manehna neruskeun perjalanan ukur dikakaos sangsang. Tepi ka Balikpapan, kakara 
manehna inget dina saku kamejana teh aya duitan, nu lumayan gede. Jadi lapur 
kakubur jeung bangke ucing. Rek balik deui teu mungkin jeung rada sieun da tas 
nabrak ucing. Tah kabeneran ayeuna manehna ngaliwat deui. Tadi euereun teh 
maksudna rek dikali deui da teu jero, da ngalina ge ukur ku konci roda. Tapi 
manehna poho deui lebah-lebahna jeung ngarasa rusuh bisi panumpang kesel, lila 
teuing nungguan dina mobil.

"Tapi enggak apa-apa Pak, yang penting saya selamat tidak dapat musibah", ceuk 
manehna teh ngupahan maneh.

Teu ditembalan, ngan dijero hate we ngagerentes: "Har.. ari Bapa Supir, ari eta 
duit nu ngilu kakubur, lain musibah kitu?"

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke