halow ceuw rowrow (hihi na jadi teteh baris-baris nya?)

dua oncom ieu ku kuring mah sok disebut oncom hideung.
nu paling kakoncara mah oncom gebleg, lawanna oncom hideung.
tah oncom gebleg mah pangbeureumna (oranye), pangeuweuhkacangan,
pangempukna. nu mana cenah nu pangenakna? ari cek kuring mah tergantung deuk
masak naon. mun keur nyieun ulukuteuk baurkeuneun kanu leunca mah onncom
gebleg asana nu pangcocogna. sedeng mun deuk nyieun tutug mah oncom hideung
langkung cop...

waasna mun inget oncom gebleg ieu sarupa jeung mun inget jambu mede.

"cing pangmeulikeun oncom,...... GEBLEG!!!!"
"cik pangalakeun pucuk jambu,,,,,,, MONYET!!!"

kekekek

2009/11/3 Roro Rohmah <[email protected]>

>
>  [Attachment(s) <#124b93927a558b42_TopText> from Roro Rohmah included
> below]
>
>  Wilujeng sonten baraya...
>
> Kantos jangji bade motoan Oncom Bandung & Oncom Pasireungit, kaleresan
> mendak kamari waktos ka Sumedang. Punten teu patos jelas, maklum nganggo
> camera hapew...
>
> Oncom Bandung :
> Kulit luar langkung seueur kelir oranye
> Kandel bin kedewil kirang langkung 5cm
> Rada teuas
> Kacangna sakedik
>
> Oncom Pasireungit :
> Kulit luar hawuk semu oranye
> Rada ipis kirang langkung 3cm
> Langkung Hipu & gurih
> Kacangna langkung seueur.
>
> Kitu manawi,
> ro2
>  
> __
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke