Sainget nempo film lokal, bule, india oge china, asa can manggih adegan ngorong. Tapi teu kitu, nalika noong film Jepang jeung Korea, kungsi kawenehan sababaha kali aya adegan ngorong.Jiga tadi peuting noong serial drama korea "Beethoven Virus," nalika konduktor Kang ngajoprak muriang, si Yong Ki ngorobet irungna konduktor, sabab cenah korongna gede pisan.
Cing ka baraya nu dumuk di Korea, jiga kumaha kabiasaan masayarakat di dinya, dina nyikepan perkara ngorong jeung hitut di hareupeun publik, naha dianggap hal nu wajar atawa sarua jeung diurang sok disebut kurang sopan? -mh-

