Perkawis nami mah kang teu sawios-wios, sae we aya anu ngiring ngamumule sunda mung sakapeung mah tara sapagodos antara nami sareng nempatkeunana. janten weh sok ngaraos diheureuyan batur jalaran basa.
sapertos surya kancana, upami di gunung gede mah sae sareng cocok margi hartosna. Surya teh panon poe Kancana teh sami sareng endah agung. Janten surya kancana teh endahna panon poe. margi di taman surya kancana di gunung gede urang tiasa ninggali kaendahan panon poe. upami di tempat sanes mah teu acan puguh, sapertos jiga di gunung gede. ari nami taman surya kancana, bentukna cakeutreuk hideung, caina bau, tatangkalanana gararing jst. punten ngiring nimbrung we ieu mah. ________________________________ From: Kaca Piring <[email protected]> To: [email protected] Sent: Sat, November 7, 2009 5:01:55 PM Subject: Re: [Urang Sunda] PERUMAHAN URANG SUNDA Anu gaduh proyek na urang Sunda panginten nya? Anu abdi pan eta teh....malah mah tos di emutan hayang misah ti pamarentah pusat, jadi gaduh otonomi Sunda.... ________________________________ From: Gunawan Yusuf Miarsadireja <gunawan_yusuf@ yahoo.com> To: urangsu...@yahoogro ups.com Sent: Fri, November 6, 2009 6:25:20 PM Subject: [Urang Sunda] PERUMAHAN URANG SUNDA Di Bogor, aya perumahan anu nganggo jalan nami gunung gunung anu aya di tatar sunda, saperti cikuray, ciremay, papandayan, jst, malihan di eta perumahan aya Taman Suryakencana, hiji alun alun anu ayana di puncak gunung gede, teuing ti iraha ieu perumhan ayana, ieu perumahan kebayoran baru-na bogor, hartina perumahan elite di zamanna, ayeuna oge masih kaasup perumahan elit di tengah kota bogor, naha aya keneh kontraktor anu boga ide nyieun ngaran tempat make babau SUNDA ?

