Kang Atep, carios soal Citarum mah tepangan Pa Embas Suherman. Anjeuna tangtos beunghar ku carios Citarum da anjeuna ti Parunghalang, memang cariosna ti Citarum girang mungkin rada benten sareng carios Citarum hilir.
MSas ----- Original Message ----- From: Atep Kurnia To: [email protected] Sent: Wednesday, November 11, 2009 12:51 AM Subject: [Urang Sunda] Mamanawian Aya nu Kagungan Peperenian Dongeng Sabudeureun Citarum Para kanca di jagat maya, mamanawian aya nu kagungan peperenian sabudeureun carita-carita lisan nu aya patalina sareng walungan Citarum, sapertos carita kunti, lulun samak, jste. Abdi teh nuju rada baluweng, margi diperedih sangkan nyerat perkawis eta ku Masyarakat Cinta Citarum, mung bahanna kirang. Ku margi kitu, diantos pisan peperenian ti para kanca ngeunaan carita lisan nu hirup di sabudeureun Citarum nu nganteng ti Gunung Wayang (Pangalengan) dugi ka Karawang. Hatur nuhun. Atep Kurnia

