nambihan abdi ge ah* bobot, basa lemesna ngandung = hamil beubeut = jatuh, sok dilarapkeun dina tibeubeut = terjatuh, dibeubeutkeun/dipuragkeun = dijatuhkan. sakapeung sok ngadangu aya "dibabétkeun" = dipuragkeun dina kaayaan jalmina nuju ngambek, duka ieu teh basa wewengkon atanapi sanes. ro2
>>> [email protected] 11/12/09 03:06AM >>> nambahan kang syam, tamba tiris palebah aya lembur cara di bandung kulon, cibabat, kumahan tah toponimi (asal usul ngaran tempat) eta? naha baheula loba babat di dinya? babat mah lain kantong dahareun dina beuteung (sapi domba). dina urusan neangan jodo, us-uj sigana sarua papada make atawa boga jurus b3: bibit bebet bobot kira-kira anak saha atawa turunan saha (bibit), gawe atawa pakasaban/profesina naon (bobot). harti bobot asana mah ukuran beurat, abot basa menak pikeun beurat. dipake dibasa nasional, kapal berbobot mati sakitu. hari bebet naon nya? sigana faktor ekonomi kuat lemahna, beunghar miskina. nu make u, baubut, dilarapkeun kana mesin bubut tapi harita si kuring neangan calon indung budak teh nu daek we. bari jeung dituduhkeun pun biang. neangan nu daek ripuh, daek lieur, daek susah boga salaki butut siga si kuring hehe... mj

