> From: irpan rispandi > urang jadi reueus sabab basa sunda jeung basa inggris dulur misan? > naha bet reueus? > sabab bahasa inggris leuwih luhur ? > sabab bahasa inggris basa internasional?
Lamun teu salah, ieu teh gara-gara penjajahan Walanda Kang. Cenah di jaman baheula (kolonial) nu meunang ngomong basa Walanda teh, salian ti urang Walanda, nya kaum pribumi priyayi (menak), kitu oge nu sakola. Akibatna Basa Walanda statusna naek, jadi basa "kelas tinggi". Status sahandapeunana "Basa Melayu", nu panghandapna Basa Daerah. Walanda dina komunikasi jeung pribumi, sigana leuwih milih maranehna diajar basa pribumi, tinimbang maksa pribumi diajar bahasa maranehna. Ieu beda jeung Protugis jeung Spanyol, nu "ngadedetkeun" pisan budayana. Bisa ditempo nagara urut jajahan Protugis jeung Spanyol mah bener-bener jadi "duplikatna" Protugis/ Spanyol, contona dina basa nu dipake, aran jelema, agama. Aya untungna teu dijajah protugis, budaya urang masih eksis, tapi aya oge rugina, salah sahijina nganggap Basa penjajah teh basa "kelas tinggi". Geus merdeka, basa Walanda teu dipake, gantina ku Basa Inggris ..... Baktos, WALUYA

