Aya lalaki ngongorek panto mobil simkuring. langsung we ku simkuring di sirgep. 
"dek naon maneh ngongorek panto mobil uing? deng maling nya?"
ceuk si lalaki eta teh "hente...urang teu maksud maling..."
simkuring beuki emosi "alah ! ngaku maneh! dek nyokot tipe mobil uing nya? dek 
maneh jual keur mayar hutang nya? ngaku...! kieu we lah, ayeuna maneh 
ngilu jeng uing ka kantor polisi"
dikantor polisi eta lalaki ti tanya "hey, budak ngora, bener yen maneh teh dek 
maling tipe mobil eta awewe?"
jawab si lalaki "bapa salah...simkuring teu maksud maling. jd kieu 
caritana, awalna simkuring dek ka kantor polisi, tapi kuring nanya ka loba 
jelema, eweuh nu nyaho alamatna. nya ges we kuring pura-pura maling, 
berharap  aya nu mawa kuring ka kantor polisi. Wal hasil nepi oge kuring 
didieu.."
rupa eta lalaki ningalikeun kabungahan.
terus polisi nanya deui "aya urusan naon maneh dek ka kantor polisi?"
silalaki ngajawab " simkuring teh dek nyieun surat kalakuan baik pa 
polisi.....!!!! "
 
Indri tea


      Nikmati chatting lebih sering di blog dan situs web.. Gunakan Wizard 
Pembuat Pingbox Online. http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/

Kirim email ke