palabeh ngabahas nanaon teh alusna mah ulah terus ka soal nu mana nu kelas tinggi, terus neluh maneh, inferior, basa sunda kelas handap. sacara kabudayaan mah, sajajar. basa inggris kelas dunya, nya sabab urang inggris kungsi ngoloni ampir satengah dunya-nya minimal amrik, sapotong kanada, hongkong,singapura, malaysia, india (india, pakistan,bangladesh, timur tengah, sawareh afrika). basa arab jadi basa pbb oge, sabab populasina nu makena kaitung lega, ti maroko di afrika nepi ka irak. cina kitu, nu makena loba. basa spanyol, salian ti di spanyolna, oge kabeh nagara amerika latin kecuali nu dijajah portugis (mana tah, argentina atawa brazil? poho deui), ayeuna nyararita basa nasional, spanyol.
basa indonesia dipake di nasional jeung basa sunda dipake di daerah tatar sunda antara nu ngarti jeung bisa basa sunda, nya eta mah geus kitu kuduna. teu kudu dinanaha komo minder atawa nyeri hate. hahaha.. bahwa loba kecap-kecap basa sunda nu asalna ti basa deungeun, nya wajar, da nu make basa sunda teh gaul jeung bangsa deungeun, ku loba cara, kaasup kungsi dikoloni atawa dikuasa, cara ku mataram, nu ngawariskeu undak-usuk basa, ku walanda, ku inggris, ku jepang, ku suharto, ku buhaya, jst. basa teh nyieun konstruksi -atawa ngarekam budaya hiji masarakat. jadi wajar mun di hiji basa nginjem basa sejen pikeun barang nu teu kungsi aya di budaya. conto lampu di urang, bisa ti walanda, bisa ti inggris lamp. di urang aya obor, pelita,jsb. pikeun sakuringeun ayeuna, basa sunda, utamana bagean babasan jeung paribasa, dipake pikeun noong konsep atawa gambaran umum soal prinsip-prinsip kaendahan atawa legana estetika tea. cara nu kungsi di tulis di cupumanik, artikel nu jadi pinilih ka hiji, nu judulna masagi. yen dina babasan & paribasa, loba ajaran karuhun pikeun bekel hirup. bari jeung kalimahna artistik, murwakanti. cara mun teu ngakal moal ngakeul. akal aslina ti basa arab, jadi kalimah eta dijarieun basa islam geus asup- numutkeun tafsir kasajarahan. sarua model kitu ge dilarapkeun ku filolog dina ngalih aksara jeung basa naskah sunda kuno. loba basa ti sansakerta, eta bukti yen hindu geus asup,jst. sanajan basa sunda teh teu loba kecapna, tapi munel, jeung cukup keur saharitaeun urang sunda nyarinta. nya beh dieu didatangan bangsa deungeun bari marawa parabot nu boga ngaran has, nya dipake da di urang euweuh kecapna. tukang kembang di cihideung masih make bloombak pikeun bak kembang. ti basa walanda. basa walanda teu napel jero ka generasi kiwari sabab tumpur basa jaman jepang. da harita aya larangan ti pihak jepang make basa walanda. basa jepn enya aya kecap gorolong nu bisa jadi ti go roll long, tapi aya oge make e gereleng, duka dialek duka memang pituin basa sunda. kecap telat ge cenah ti basa walanda atawa iggris. bisa jadi basa sunda baheula teu boga kecap eta, nu hartina, urangsunda baheula tara telat. da make konsep waktu relatif tea. teu saklek jam 7, tapi bakda magrib. atawa wanci haneut moyan, jsb. geus ah tiris..heuheu koningstraat 27 leiden jam 8.28 isuk-isuk

