Punten pisan ka moderator sareng ka sadaya anggot milis KUSNET. Abdi ngiring ngabewarakeun buku anyar. Manawi aya nu kagungan minat... Hatur nuhun. Munawar Holil ------------ INFO BUKU: Dr. Agus Aris Munandar. 2009. GAJAH MADA: KUASA, CITA-CITA & PRAHARA. Bogor: Akademia. (159 hlm + xvi). Uninga Gajah Mada (GM)? Tangtos Bapa/Ibu?Sdrk. tos teu bireuk deui ka ieu tokoh Tapi, mun eta pananya teh diteruskeun deui: saha sabenerna Gajah Mada teh? Ti mana asalna? Ti lingkungan saperti naon GM dilahirkeun? Naha bener GM nu jadi cukang lantaran gagalna jatukrami raja Hayam Wuruk jeung Putri Sunda, Dyah Pitaloka? Di mana GM dikuburkeun? Sanajan GM kaasup salah saurang tokoh sajarah kuno Indonesia nu loba dipadungdengkeun ku para ahli, tapi pananya-pananya nu nepi ka bubuk leutik saperti kitu, teu gampang pikeun ngajawabna. Hal ieu teh wajar wae ku sabab nepi ka ayeuna kakara buku Gajah Mada: Pahlawan Persatuan Indonesia (1945) kenging M. Yamin wungkul nu pernah ngabahas ieu tokoh sacara husus. Hanjakalna, sanajan ieu buku geus dicitak ulang sababaraha kali, tapi ieu buku teh teu kungsi ditambahan informasina atawa ngalaman direvisi. Padahal nepi ka ayeuna masih loba keneh informasi ngeunaan ieu tokoh nu can jelas atawa masih samar-samar. Misalna wae, polemik ngeunaan peristiwa Bubat nu sering dianggap minangka cikal-bakal ”bengkahna” hubungan Sunda-Jawa. Nepi ka ayeuna, umumna urang Sunda nganggap yen nu ngagagalkeun jatukramina Raja Majapahit--Hayam Wuruk—ka Putri Sunda--Dyah Pitaloka--teh tokoh GM. Naha bener eta pamadegan teh? Samemeh Bapak/Ibu/Sdrk. nyandak kacindekan nu tangtu, teu aya lepatna upami maos heula ieu buku. Dina ieu buku pananya-pananya urang ngeunaan tokoh Gajah Mada dibejerbeaskeun dugi ka bubuk leutikna. Sagala ’keingintahuan’ urang ngeunaan ieu tokoh bisa kajawab: ti lingkungan saperti naon GM dilahirkeun, kumaha mangsa budak jeung rumajana, karirna, nepi ka peristiwa ’Sumpah Palapa’ jeung ’Peristiwa Bubat”, tur riwayat pamungkas hirupna ieu tokoh. Ieu buku teh matak narik ati pikeun dibaca ku sabab mintonkeun ”tafsir anyar” ngeunaan ’sepak terjang’ tokoh GM, nu beda jeung nu salila ieu ”dipercaya”. Misalna wae, ngeunaan saha sabenerna Gajah Mada jeung naon peranna dina peristiwa Bubat. Tafsiran anyar ieu teh perlu diapresiasi jeung dikomentaran ku sabab sumber data nu digunakeun teh sumber-sumber primer nu bisa diandelkeun, nya eta (1) prasasti, (2) naskah-naskah (bahasa Jawa Kuna, Sunda Kuna, dan Bali), jeung (3) carita-carita panji nu aya pakuat-pakaitna jeung tokoh GM. Jeung deui, nu nulis ieu buku teh pakar arkeologi nu oge sering sawala jeung para ahli naskah kuna, utamana ahli naskah Jawa Kuna dan Sunda Kuna, dina seminar-seminar atawa simposieum, jsb. Naha ieu ”tafsir anyar” teh perlu dipercaya? Naha ”rasional”? Minangka gambaran pikeun nu maca, bahasan ngeunaan tokoh Gajah Mada dina ieu buku teh dijentrekeun dina 11 bab, nya eta: Bab 1: Mitos Kelahiran Gajah Mada; Bab 2: Menuju Istana Wilwatikta; Bab 3: Di Tengah Konflik dan Intrik Politik; Bab 4: Patih Amangkubumi Majapahit; Bab 5: Politik Bali Dwipamandala: Pembuktian Ilmu Perang dan Ilmu Pemerintahan Gajah Mada; Bab 6: Sumpah Palapa Gajah Mada; Bab 7: Gajah Mada dan Pembangunan Caitya bagi Raja Krtanagara; Bab 8: Pasunda-Bubat: Gadha Penghancur Kejayaan; Bab 9: Padompo: Bakti Terakhir Gajah Mada; Bab 10: Gajah Mada dalam Arca Perwujudan: Suatu Interpretasi; Bab 11: Epilog: Gajah Mada juga Manusia. Aya nu kataji? Mangga kintunkeun email ka: [email protected] atawa [email protected]. Harga (tos kalebet ongkos kirim): Rp 45.000,- (opat puluh lima rebu rupia)

