langsung ceuleukeutreuk seuri pas maca artikel ieu [?] http://www.ihwanuliman.com/
2009/11/21 <imans...@yahoo.com> > > Nepangkeun sim kuring Imansaja. Aya tulisan sim kuring nu tos lami, awalna > ngangge basa indonesian nembe bieu ku sim kuring diterjemahkeun ka basa > sunda. > > > Kecap Anjing jeung Goblog. > > Lamun aya nu nyarios yang ”Maneh jiga ucing” jigana moal ngambek atawa > kasinggung, tapi lamun aya nu nyarios ”Maneh jiga anjing” pasti urang-urang > bakal ngamuk. Naha basa disebut ucing teu ngambek tapi basa disebut anjing > ngarasa kasinggung? Salah naon si-ANJING tepi ngaran-na sering jadi hiji > umpatan jang nyarekan atawa jeung ungkapan rasa ambek jelema. Naha pedah > anjing dianggap mahluk nu najis. > > Lain didieu lain di kulon. Di negara dengen nu di kulon (Barat) atawa di > negeri nu ngarasa kakulon-kulonan (kabarat-baratan) kecap Anjing sanes kecap > nu dipake kanggo nyarekan. Dog (anjing) malah jadi ungkapan nu sering dipake > kanggo ngamaknai nu positip. Misalna kecap "dog-fight" dipake jang istilah > duel pasawat tempur, bahkan aya istilah nu paling terkenal nyaeta > "dog-style" nu artina ngadamel orok. > > Balik ka topik nu awal. Tapi syukur, kecap ANJING akhirna ngalami parobahan > makna khususna dikalangan barudak ngora, utamina di kota angeung sepertos > dikalangan anak muda Kota Bandung. > > Jang anak muda Kota Bandung nu funky jeung gaul kecap ANJING jeung kecap > GOBLOG ngan sakedar hiji tanda baca atawa panegas kalimat. Di ESD (Ejaaan > Sunda yang belum Disempurnakan) kecap ANJING hanya berarti hiji tanda KOMA > (pamisah kalimat), sedangkan kata GOBLOG hartina TITIK. (Nutup hiji > kalimat). Jadi ulah ngambek atawa ngarasa kasinggung lamun keur jalan-jalan > di KOTA BANDUNG bakal sering ngadangu kata ANJING jeung GOBLOG dina obrolan > barudak ngora. > > Ameh jelas urang tingali hiji contoh dihandap ieu: "Tadi urang dahar ANJING > ayeuna rek ngaroko heula GOBLOG". Tah kalimat eta lamun ditarjamahkeun ka > bahasa indonesia nu alus jeung hade hartina jadi: "Tadi saya makan, sekarang > mau merokok dulu." > > Tapi jang jalmi nu tingkat TOEFL ESD masih rendah pasti bakal kasulitan > jang ngartikeun kalimat jiga kieu: ”ANJING AING DIGEGEL ANJING GOBLOG”. > Jigana kedah naroskeun ka Kang Ibing ameh tiasa ngajelaskeun arti kalimat > eta. > > Sajalan jeung kamajuan basa sunda jadi bahasa internasional kecap ANJING > mimiti ngalami peluluhan atawa panghalusan, kecap ANJING diubah jadi leuwih > sopan jadi kecap anjrit, anjis atau anjroy. Malah di daerah Bronk jiga di > Water Rock (Cicadas) ngalemeskeun kecap ANJING cukup ditambahkeun kecap > PUNTEN. Jadi tong heran lamun aya jalma nu liwat ngomong permisina make kata > nu lemes nyaeta: ”PUNTEN ANJING”. Cukup dijawab make tutur kata nu teu eleh > lemesna oge ”MANGGA GOBLOG”. > > Di tahun 1994 sayah pernah ngalakukan hiji panalitian leuleutikan (hanya > ngitung wungkul) di babaturan SMA sayah di Bandung. Dina obrolan sakitar 15 > menit, rata-rata kecap ANJING jeung GOBLOG kaluar leuwih ti 10 kali. Malah > sayah sempet ngalakukan hiji tantangan ka babaturan lamun manehna sanggup > tahan teun ngomong kecap ANJING anjing GOBLOG salama 1 jam, sayah rek mere > duit 20 rebu. Babaturan sayah eta nga mampu tahan sakitar 30 menit, > saeunggeus eta manehna ngobrol kaluar kecap ANJING jeung GOBLOG tanpa > disadari ku manehna. > > Tah sakitu heula ANJING engke lamun aya waktu dilanjutkeun GOBLOG > (Artinya : Nih segitu dulu, nanti kalo ada waktu dilanjutkan. ) > > Hehehehehe.. ... padahal mah sayah hoyong nyarekan nu. > > Wass, Iman Sajah > Orang sunda nu keur ngumbara di Jakarta. > > Powered by Telkomsel BlackBerry® >
<<338.gif>>