Bah cek ahli sastra mah, nu kitu teh, disebut anakronismeu.kronos=waktu. jadi anakronismeu, teu luyu jeung waktuna
kaalaman pisan basa tahap ngedit novel Epigram jeung editor ti gpu. kabeneran editorna teh sahandapeun, alumni fikom ui- ayeuna keur s2 di jepang. aya carita yen lalakon teh liwat jalan tol bekasi. manehna nanya, jaman harita, 1989 emang jalan tol bekasi tos aya, cenah. ditanya kitu jadi ragu. tapi nu inget keur kuliah harita liwat dinya basa ka dufan. nya naros we ka kang ush kompas. anjeuna masihan data lengkep nepi ka poe diresmikanana ku suharto. bulan rada akhir taun 88. sigana niat editor pikeun nyegah ayana anakronismeu eta. oge soal ojeg. cenah da ojeg mah ayana beh dieu. waduh. nya dijelaskeun yen ojeg di jakarta enya ayana beh dieu, tapi di daerah mah ti keur jaman smp akhir-sma ge geus aya. ---- Hehehe ...jadi lieur nya Kang. Tapi ieu mah sakadar ngingetan ka urang Sunda nu boga bakat jadi pujangga (novelis/ pangarang) atawa rek jadi sutrada pilem, heug dongengna teh nyaritakeun jaman baheula samemeh urang bule datang (Lutung Kasaarung/ Pajajaran/ Perang Bubat/ Majaphit/ Galuh/ jrrd ). Kade sing ati-ati dina nyetting lingkunganana. Contona ulah nyaritakeun/ nyieun adegan Paman Lengser keur ngopi BEULEUM SAMPEU bari ngelepus UDUD. Sabab Sampeu jeung bako, sarua jeung jagong, lain pepelakan asli Indonesia. Pepelakan ieu dibawa urang Bule ka Indonesia ti Amerika. Tapi meureun kulantaran taneuhna cocog, jadi nyebar diurang, disangka weh "pribumi", padahal meleg-meleg "imigran" .... Baktos, WALUYA

