He..hee..sigana mah kumargi nyangkoyot kana Kaimanan..nya saena na mah teu > aya aya patarosn diluhur...
---- punten pisan kang...; ieu mah etang etang bahan iloeun wae...pamendak urang lembur ngeunaan qurban. ---- Naha dugi kagungan mamanahan sapertos kieu ? Anak mah kawajiban jalma kudu ngurus sataker kebek...pahala na mah lain ti anak..pan eta kawajiban nurutkeun Kaimanan urang Islam. Babalews mah eta oge mun aya nya ti GNMS alias Allah. --- sapamendak sun....sok sanaos basana benten di paragrap nu diaos aya nu sawanda sareng nu didugikeun...nuhun.. baktos,... --- In [email protected], Surtiwa <surt...@...> wrote: > > " Heueuh lah . Tapi ieu teh can ngajawab kabeh pananya diluhur . Naon gunana > dewek nurutan? Enya bakal deuheus? Naaaa dina Sang Khalilullah tiasa pengkuh > mah gening ari prak bade midamelna bet diganti ku sato? Naha ieu conto ku > sato (keur ngaganti meuncit budak kanyaah) teh saukur nyokot gampangna bari > telenges ka sato? Atawa memang bijil tina kasasmitaan?" > > He..hee..sigana mah kumargi nyangkoyot kana Kaimanan..nya saena na mah teu > aya aya patarosn diluhur... ---- punten kang...he he he; ieu mah etang etang bahan iloeun wae... > > "Anak teu saperti nu dipiharep. Disakolakeun dibiayaan sugan engke malik > mulang (keun nu geus di) tarima tapi ana jadi kawin boga turunan leuwih bela > ka duriat " > > Naha dugi kagungan mamanahan sapertos kieu ? Anak mah kawajiban jalma kudu > ngurus sataker kebek...pahala na mah lain ti anak..pan eta kawajiban > nurutkeun Kaimanan urang Islam. Babalews mah eta oge mun aya nya ti GNMS > alias Allah. --- sapamendak sun....sok sanaos basana benten di paragrap nu diaos aya nu sawanda sareng nu didugikeun...nuhun.. baktos,... > > On 11/30/09, Eddy Nugraha <ednugr...@...> wrote: > > > > > > > > kecap penting: meuncit, maehan, numpakan, make > > > > Tangtu geus pada terang yen pagawean qurban dina poe Iedul Adha neraskeun > > tapak hiji luluhur para nabi nu kalebet Ulul Azmi baheula. Sanajan nu kaciri > > saliwat kaayeunakeun di lembur mah qurban teh meuncit sasatoan kayaning > > domba jeung sapi, tapi, lamun nengetan kajadiana baheula pagawean qurban teh > > asal asal kanyataan kapengkuhan Sang khalilullah nu mampuh miceun kanyaah > > kucara nelasan putra nu kenging hese cape bari ngan hiji-hijina (ti Siti > > Hajar); miceun katineung kalebar nuturkeun clik putih clak herang pituduh ti > > EL nu ngamurbeng sanajan beurat beurat teuing. Antukna kapasihan berkah > > carana ngadeukeutkeun-ngadeuheuskeun maneh teh jadina (qurban- > > qaraba-yuqarabu-qurbanan) ku meuncit sato. > > > > Kadieunakeun nu diturutan pakeun ngadeuheuskeun maneh ka pangerana teh lain > > meuncit budakna miceun/maehan kanyaah ka anak tapi meuncit sato, atuh kawas > > ngeunah ngeunah teuing ngan saukur nu boga (bari daek) mungkul nu migawena > > teh, oge teu beurat kawas ngurbankeun maehan anak sorangan. Malah sato nu > > dipeuncitna bisa dihakan jeung dibagikeun ka batur batur. Sapoe dua poe mah > > kawas kariaan jalma loba nyate ngagule salelembur, bau domba/sapi > > saimah-imah. Sanajan teu kurang kurang nu terus dodongeng ngingetkeun yen > > cenah baheulana mah eta teh titahan kudu meuncit budak kanyaah hiji-hijina. > > > > Tapi, na meuncit sato ayeuna teh mani kudu disambung sambung jeung gedena > > dodoja kudu meuncit budak baheula sagala? Naon gunana dewek nurutan? Enya > > bakal deuheus? Naha ieu conto ku sato (keur ngaganti meuncit budak kanyaah) > > teh saukur nyokot gampangna bari telenges ka sato? Atawa memang bijil tina > > kasasmitaan? Urang buka lalangsena sakumaha nu kapanggih dilembur dina > > nurutnangtungkeun ageman. > > > > II > > Kanyaah kaanak, (harta banda jrrd kadunyaan) pangribrib rasa nu mahala > > mahayu > > > > Sanajan aya dina qur'anna nu nyebutkeun yen geus lumrahna jelema dijadikeun > > boga kanyaah nu pohara ka anak (salian ti ka harta banda dunya barana) bari > > dibere pangwewedi yen di nu maha hirup aya nu leuwih (ti saukur eta), kanu > > geus ngasaan/eukeur boga anak tangtu moal nganahakeun deui sab ngandung > > ngayuga ngaheujeunkeun jeung miara anak teh jadi dibere rasa nyaah. > > > > sedengkeun kanyaah gede pisan pangaruhna kana pribadi/jiwa nu nyatana bisa > > mawa cilaka (mahala) [bisa oge mawa karahayuan (mahayu)]: > > > > Anak senang sok ngilu senang (can tangtu dibere ge), anak gering milu > > gering, anak susah leuwih ngarasa susah, tisuksuk tidungdung poho ka > > sorangan melaan anak. Kolot jadi abdi (ngaulaan), anak jadi gustina ..loba > > nu poho yen sanajan anak misah raga misah nyawa. "Kanyaah" eta teh panggih > > anyar-anyar di dunya (sanggeus manehna dewasa/kawin) jeung moal angger bakal > > papisah sanajan teu kaputus ku paeh oge. Anakna ngagedean (dewasa kawas > > manehna), kawin lila lila pajauh deui, pek ajaran engkena mun hayang terus > > ngeukeuweuk eta kanyaah hayang "deukeut" jeung anak terus loba contona Anak > > ngahiji jeung kolot sok mulya, tapi kolot ngahiji jeung anak sok jadi > > badega. > > > > Ku nyaah teh jadi kakait katalimbeng loba nu teu waluya sab beda kahayang > > jeung anak. Anak teu saperti nu dipiharep. Disakolakeun dibiayaan sugan > > engke malik mulang (keun nu geus di) tarima tapi ana jadi kawin boga turunan > > leuwih bela ka duriat .loba nu pohoeun yen sanajan anak misah raga misah > > nyawa ayeuna mah manehnage (anakna) jadi kolot (boga pamanggih sorangan) oge > > deuih jadi diribriban boga kanyaah nu sarua ka nu anyar datang (da anakan > > deui). > > > > Tungtungna bibilasan ikhlas rido resep boga anak nyaah kabina bina saukur > > dharma da eukeur, jeung waktuna dipercaya didunya jadi kolot. Bagja boga > > anak (pituin boh lain) sab jadi lawang kanyaah nu maha hirup ngagedekeun > > `nur' nu aen. Teu ngarepkeun pamulang asal anak (batur anyar panggih > > didunya) salamet mulya hirup hurip mere ngadu'akeun sukur hanteu ge > > sukur...da nu maha hirup ge gening kitu petana euweuh pamrihna. Ngajar > > ngadidik teh supaya bisa mustaqim (bisa nangtung ajeg sorangan teu menta > > nyusah keun batur engkena) sab memang kuduna manehna ge kudu ulah gumantung > > kanu lian (mustaqim) ngencar sanggup sorangan. > > > > Tungtungna leah sumerah jig we jang/nay kumaha maneh asal salamet jeung > > kaasup dina ridhona hirup, asal ge hirup sorangan geus cukup waktuna jadi > > Bapa jadi indung dangdanan di kadunyaan ayeuna ngoraan deui > > > > .. Hayang kakolotnakeun khusnul khatimah tiis ceuli herang mata, lugina > > sapapanjangna. Tungtungna neukteuk leukeur meulah jantung geus lain laina > > deui. > > > > Matak kongas dina qur'an aya ayat teu indungan teu bapaan teu anakan jeung > > teu dianakeun teh disebutna surat Al-ikhlas, sorangan gumantung ka sorangan, > > geus teu kawas batur deui (euweuh nu nyaruaan) > > > > Qulhu kami . > > Wakca sun. Nampi > > Hirup nu satungkebing langit satangkaraking jagat tunggal sakujur tangtung > > sawalatra rasa. > > Hirup teh nyata disarengan hurip tempat gumantung da nyawa mah mung > > gagaduhan banda mung sasampeuran. > > Wios teu anakan teu indungan teu bapaan deui (teras) da eta mah dangdosan > > kahirupan nu hirup. > > Wios benten sareng nu sanes da di hoyong-hoyong ge moal sami pisan. > > Wios sun. > > > > Matak eta surat kaasup nu pangseringna dibaca ku barudak da Engkena kudu > > kitu sab kanyaah ka anak jeung dunya mah pedah eukeur waktuna (dharma)na, > > narimana bari pinuh ku nganuhunkeun sab kabeneran kapake jadi lawang kanyaah > > hirup, ulah ditolak ulah dipiceun tarimakeun ngan lamun lain waktu/lain > > alamna ulah tuluy dikeukeuweuk, sing bisa ngatur mernahkeun. Tah di nu maha > > hirup aya nu leuwih ti saukur eta..enya keur hirup oge kaalaman lain saukur > > jadi bapa/indung..ngalaman jadi budak jadi aki/nini, jadi guru jadi murid > > jadi beunghar jadi miskin wah cape nataana warna warna rasaning dunya nu > > bisa karasa ku dasaindriya komo nu saleuwih ti eta loba loba deui. > > > > bisa kaharti (meureun?) naon sababna Sang Khalilullah dipasihan dodoja > > meuncit (sasat kedah miceun/mutus kanyaah ka) putrana nu ngan hiji hijina da > > kanyaah eta teh gede pisan pangaruhna nepikeun ka putrana dipasihan nami > > Isma (nu diridoan) EL panginten bakat ku bingah sareng atohna nampi gaduh > > putra didoja supados tiasa miceun katineung kanyaah nu kuat pisan pangaruhna > > kana jiwa teras supados pengkuh (takwa) ikhlas nurut kanu Maha Hirup nu > > `eusina-usikna-petana nyaah asih' teh lain saukur kawas nyaah ka anak > > mungkul tapi ngawengku kanyaah kaasih sa rat jagad alam buana. Moal bisa > > kahontal lamun hiji jalma katalimbeng ku katineung kangeungeunahan > > kabeubeurat salah sahiji/sadua rasaning dunya betah jeung butuh ku saukur > > hiji dangdanan rasa dunya nu anyar anyar kapanggih. > > > > Heueuh lah . Tapi ieu teh can ngajawab kabeh pananya diluhur . Naon gunana > > dewek nurutan? Enya bakal deuheus? Naaaa dina Sang Khalilullah tiasa pengkuh > > mah gening ari prak bade midamelna bet diganti ku sato? Naha ieu conto ku > > sato (keur ngaganti meuncit budak kanyaah) teh saukur nyokot gampangna bari > > telenges ka sato? Atawa memang bijil tina kasasmitaan? > > > > (urang kintunkeun terasna..upami pareng) > > > > baktosna > > Eddy Nugraha > > > > __________________________________________________________ > > Coba Yahoo! Messenger 10 Beta yang baru. Kini dengan update real-time, > > panggilan video, dan banyak lagi! Kunjungi http://id.messenger.yahoo.com/ > > > > >

