Ngiringan ah, ieu mah ngan sa ukur saran we. Langkung sae mun bade nonton film siga kieu ulah dibandingleun sareng novel aslina, nu aya malah ngan kecewa jeung bakal loba kukulutusna. Sabab, kekuatan novel si andrea terlalu dashyat jang dijieun film nu ngan saukur 2 jam. Janten, saha wae sutradarana bakal hese nuangkeun carita kana gambar visual. Lamun bade nonton, mending tutup novel na, tong diemutan jalan carita dina novel.
Nuhun, Adiet On 12/1/09, Roro Rohmah <[email protected]> wrote: > Paingan asa aneh, naha nu jadi lalakon teh Ariel? Pan rambutna jarot bin > jogjrog? Sihoreng ngalakonkeun Arai, dulur sakaligus sobatna si Ikal. > > Ariel can kungsi ngambeuan dunia kampus? kacipta umba-ambeu* pan eta oge > ngambeuan kampus UI waktos shootingna sanaos mung saencret. Jigana "nyieun > adat anyar", ngalungkeun toga vivilueun di nagri batur... heuheu... > > Ningali nu ngantai nongton pelem Laskar Pelangi, siganamah moal tebih > suksesna ti dinya da kupanasaran tea. > > cing wang antosan, > ro2 > > >>>> sentto-1862056-143750-1259642867 > > pami teu lepat Ariel teh merankeun janten Arai, sahabatna si ikal ( andrea > hirata ) dina novelna mah emang Arai kuliah di fakultas tehknik. > > mudah-mudahan wae film na sukses, sasukses novelna. walaupun pasti beda > carita dina novel sareng dina film. > > > > > > From: MRachmat Rawyani <[email protected]> > To: [email protected] > Sent: Tue, December 1, 2009 9:33:24 AM > Subject: [Urang Sunda] Sang Pemimpi...film produksi Miles > > > RCTI tadi wengi mintonkeun acara ngenalkeun film Sang Pemimpi, karya "Miles > Production". > Film ieu teh sambunganana tina film laskar Pelangi, anu diangkat tina novel > tetralogi Andrea Hirata. > Ceuk cenah film Laskar Pelangi teh ditonton ku 4,6 juta jalma. Dikalikeun > harga karcis Rp15.000, > puguh wae atuh andrea Hirata ngadadak jadi milyader, komo deui produser > filmna. > -- Sent from my mobile device

