Punten ka Moderator, ieu bodor teh rada jorang sakediiiiik. Ku abdi disensor, mugi2 kahartos keneh sareng tiasa ngahibur.
Kacaritakeun neng Kokom nu geulis tur timuruan diboyong ku mas Paijo ka Jawa saatos rengse ijab kabul di Bandung. Hiji mangsa mas Paijo teh keuna musibah, keur naek motor pasanggrok jeung rombongan meri nu keur meuntas jalan. Atuh mas Paijo teh oleng dugikeun ka rarayna teh 'mencium tanah air'. Nu jadi bodor, nyaeta waktos mas Paijo uih ka bumi, ongkoh panganten anyar tapi balik cilaka teh lain diubaran kalahka ditampiling ku neng Kokom bari jeung digelendeng majar teh kaduhung boga salaki cunihin. Sihoreng nu matak jadi pasea teh pedah waktos ditaros ku neng Kokom: "Papah teh kenapa atuh pulang2 koq bibir ampe getihan gitu?" Maksad Paijo mah bade nyebatkeun "NABRAK BEBEK" tapi kumargi biwirna suwing, kadangu ku neng Kokom mah "NYABAK **MEK..." Sakali deui, ieu mah mung nyobian ngahibur US da ditranslate ka basa nu sanes mah gening sesah... Baktos, BUN - Batam

